Ngawakilan bah aa, saratus kangge akang :)

-----Original Message-----
From: Narayana Adipranata
Sent:  08/05/2012 1:06:30 pm
Subject:  Bls: [kisunda] Cersil Sunda 167..komentar

naha usaha jalma neangan nyi epon jeung nyi ipah teh aya patalina jeung 
popotongan Ki Nurus Tujung tea? naha guruna Mawar Hideung teh popotonganna Ki 
Nurus Tunjung?
Beuki rame wae yeuh caritana....mangga diantos terusanna Bah AA.


________________________________
 Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 8 Mei 2012 9:02
Judul: Re: [kisunda] Cersil Sunda 167..komentar
 

  
Sigana Bah AA dina episode 166/167 tos ngaluarkeun "jurus rumit". Nyi Ipah 
jeung Nyi epon diasuh ku dua guru anu beda. Duka  tah, aya maksad naon, make 
diasuh ku dua guru beda. Jigana wae kumargi nyi Ipah masih "hijau" dina urusan 
kanuragan, diasuh ku Mawar Hideung. Tapi Nyi Epon anu tos aya dasar kamampuan 
elmu kanuragan, diasuh ku guruna Mawar Hideung anu kamampuhan elmuna leuwih 
luhur tibatan mawar Hideung. Mawar Hideung spesialis ngajar elmu "basic" ari 
guruna ngajar elmu "advantage". Naha aya pangaruhna kana kapribadian dua wanoja 
eta, masih kedah ditingali deui. Tapi Jigana Jalma tos tiasa nebak ku ayana 
kasus "Sari"  guguru ka Mawar Hideung. Tapi kuring yakin, asih anu ngancik di 
Nyi Ipah atawa nyi Epon, ka Jalma, bakal ngaruntuhkeun jiwa "barangasan" anu 
diturunkeun ku Guruna. Sigana wae, Mawar Hideung jeung Guruna, ngasuh 
murid-muridna aya motif tertentu anu teu acan dijelaskeun dina episode ayeuna.

Perkara elmu kanuragan di Pasantren, sigana wae jaman baheula tradisi eta, 
salah sahiji kaunggulan pasantren. Aya pasantren-pasantren anu kaunggulanana 
dina widang kanuragan, aya oge pasantren anu ngahususkeun dina widang tasauf. 
Siga sakola paguron luhur ayeuna. Soal teknik nya ITB jagona, Kedokteran nya di 
UI puseurna. Jigana Jalma oge bakal guguru elmu kanuragan di pasantren dukuh 
Ngawi. Komo deui cenah ajaran kanuragan ieu teh diturunkeun ku para wali 
salapan. Jiga komik cersil "jaka Sembung". Mun teu lepat mah, kungsi guguru ka 
Syeh Syarif Hidayatullah, Wali anu kasalapan. "bumbu" elmu kieu di pasantren 
sigana bakal "menarik" upami Bah AA tiasa ngadadarkeun langkung paos.

Baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Monday, May 7, 2012 1:20 AM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 167
 

  
EPISODE 52 : Dukuh Ngawi
 
Ayeuna Jalma geus nepi ka hiji pilemburan nu teu pati gegek
teuing; Ngaranna Dukuh Ngawi; di dinya aya Pasantren leutik nu cenah di pimpin
ku Embah Lanang nu masih tuturunan murid Sunan Kali Jaga. Nya Jalma nyimpang ka
dinya.
Terus we Jaalma nepungan Embah Lanang bari ngenalkeun; kaciri
Embah Lanang Kacida atoheunana didatangan ku Jalma teh; Jalma di hiap2 malah
ulah rek gancang indit sok we di dieu sabaraha poe atawa minggu ge pasti
ditarimana; jeung ulah sieun teu dahar cenah. 
Jalma jeung Ki Bejo ge nya nyimpang we ka dinya; malah
peutingna milu disatukangeun murid2 pasantren; harita keur talaah Kitab
Jurumiyah. Ari Ki Bejo mah kaciri teu ngarti saeutik eutik acan, gawena ngan
heuay we; mun teu di tepakan ku Jalma mah, ti tatadi geus sare meureun.
   


 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke