Memang Kang Naraayana A tepat pisan taah patarosanana. Hehehehe

--- In [email protected], "lee_kelana@..." <lee_kelana@...> wrote:
>
> Ngawakilan bah aa, saratus kangge akang :)
> 
> 
> -----Original Message-----
> From: Narayana Adipranata
> Sent:  08/05/2012 1:06:30 pm
> Subject:  Bls: [kisunda] Cersil Sunda 167..komentar
> 
> naha usaha jalma neangan nyi epon jeung nyi ipah teh aya patalina jeung 
> popotongan Ki Nurus Tujung tea? naha guruna Mawar Hideung teh popotonganna Ki 
> Nurus Tunjung?
> Beuki rame wae yeuh caritana....mangga diantos terusanna Bah AA.
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 8 Mei 2012 9:02
> Judul: Re: [kisunda] Cersil Sunda 167..komentar
>  
> 
>   
> Sigana Bah AA dina episode 166/167 tos ngaluarkeun "jurus rumit". Nyi Ipah 
> jeung Nyi epon diasuh ku dua guru anu beda. Duka  tah, aya maksad naon, make 
> diasuh ku dua guru beda. Jigana wae kumargi nyi Ipah masih "hijau" dina 
> urusan kanuragan, diasuh ku Mawar Hideung. Tapi Nyi Epon anu tos aya dasar 
> kamampuan elmu kanuragan, diasuh ku guruna Mawar Hideung anu kamampuhan 
> elmuna leuwih luhur tibatan mawar Hideung. Mawar Hideung spesialis ngajar 
> elmu "basic" ari guruna ngajar elmu "advantage". Naha aya pangaruhna kana 
> kapribadian dua wanoja eta, masih kedah ditingali deui. Tapi Jigana Jalma tos 
> tiasa nebak ku ayana kasus "Sari"  guguru ka Mawar Hideung. Tapi kuring 
> yakin, asih anu ngancik di Nyi Ipah atawa nyi Epon, ka Jalma, bakal 
> ngaruntuhkeun jiwa "barangasan" anu diturunkeun ku Guruna. Sigana wae, Mawar 
> Hideung jeung Guruna, ngasuh murid-muridna aya motif tertentu anu teu acan 
> dijelaskeun dina episode ayeuna.
> 
> Perkara elmu kanuragan di Pasantren, sigana wae jaman baheula tradisi eta, 
> salah sahiji kaunggulan pasantren. Aya pasantren-pasantren anu kaunggulanana 
> dina widang kanuragan, aya oge pasantren anu ngahususkeun dina widang tasauf. 
> Siga sakola paguron luhur ayeuna. Soal teknik nya ITB jagona, Kedokteran nya 
> di UI puseurna. Jigana Jalma oge bakal guguru elmu kanuragan di pasantren 
> dukuh Ngawi. Komo deui cenah ajaran kanuragan ieu teh diturunkeun ku para 
> wali salapan. Jiga komik cersil "jaka Sembung". Mun teu lepat mah, kungsi 
> guguru ka Syeh Syarif Hidayatullah, Wali anu kasalapan. "bumbu" elmu kieu di 
> pasantren sigana bakal "menarik" upami Bah AA tiasa ngadadarkeun langkung 
> paos.
> 
> Baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Sent: Monday, May 7, 2012 1:20 AM
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 167
>  
> 
>   
> EPISODE 52 : Dukuh Ngawi
>  
> Ayeuna Jalma geus nepi ka hiji pilemburan nu teu pati gegek
> teuing; Ngaranna Dukuh Ngawi; di dinya aya Pasantren leutik nu cenah di pimpin
> ku Embah Lanang nu masih tuturunan murid Sunan Kali Jaga. Nya Jalma nyimpang 
> ka
> dinya.
> Terus we Jaalma nepungan Embah Lanang bari ngenalkeun; kaciri
> Embah Lanang Kacida atoheunana didatangan ku Jalma teh; Jalma di hiap2 malah
> ulah rek gancang indit sok we di dieu sabaraha poe atawa minggu ge pasti
> ditarimana; jeung ulah sieun teu dahar cenah. 
> Jalma jeung Ki Bejo ge nya nyimpang we ka dinya; malah
> peutingna milu disatukangeun murid2 pasantren; harita keur talaah Kitab
> Jurumiyah. Ari Ki Bejo mah kaciri teu ngarti saeutik eutik acan, gawena ngan
> heuay we; mun teu di tepakan ku Jalma mah, ti tatadi geus sare meureun.
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke