Mbah Lanang :” Wong Wedo opo Wong lanang ?” Jalma:”Hehehe, wedo !” Mbah Lanang:”Wong wedo klayar kleyer ora genah; nopo Tole ?” Bari rada bareureum beungeut Jalma nyaritakeun sacara ringkes ngeunaan leungitna Nyi Ipah. Nepi ka cenah ayeuna geus dibawa ku Mawar Hideung. Mbah Lanang nyakakak ngadenge Jalma nyebutkeun Mawar Hideung teh; Jalma rada heran terus rek nanya , tapi Mbah Lanang geus nyarita deui ku basa Jawa tapi langsung we diSundakeun ( heheh hese tuda ) :”yeuh Jalma tong hariwang ari Ku Si Mawar Hideung mah, moal nanaon, malah kudu nganuhunkeun ka si Mawar Hideung; lantaran nu dibawa ku Mawar Hideung tangtu bakal dibere Elmu kanuragan. Hahahaha.” Jalma:”Ah nya atuh ari rek diangkat murid ge kudu aya basa basina; bebeja heula ka kolotna jeung salian ti eta. Ieu mah jol giriwil ngagampangkeun pisan.” Mbah Lanang:”Hahahaha, nyata sampean lalaki sajati; da nu sejen mah ngadenge disebut Mawar Hideung ge geus murungkut; ari sampeyan mah Tole malah rek neangan manehna si Mawar Hideung !? Naha can apal ka na kagagahan Mawar Hideung !?” Jalma :”Kulo geus ngaadenge cenah manehna geus ngelehkeun hiji Pendekar golongan Hitam nu mumpuni nya eta nu boga gelar setan Alas kobar; nu matak Mawar Hideung dipikasieun ! Tapi Kulo moal mundur samemeh tarung mah, can tangtu Kulo eleh; masing can tangtu Kulo bisa ngelehkeun manehna.” Mbah Lanang unggut2an, bari mesem, manehna ngahargaan ka na kawani Jalma:”Hahahaha; saenyana mah Mawar hideung teh moal bisa ngelehkeun Setan Alas Kobar; lantaran Elmuna memang Sakti !” Jalma rada kaget:”Jadi ?!!! ku naon atuh ………. ? Can ge tamat pananya Jalma; Mbah Lanang geus neruskeun caritana, bari tetep mesem:”Hahahaha, enya Setan Alas kobar kakara bisa eleh sanggeus Nini Anti pipilueun ngahurup nepi ka Setan Alas kobar binasa. Di na hal ieu euweuh nu nyahoeun; nya diaku yen Setan Alas Kobar dipateni ku Mawar Hideung. Hahahaha, jadi memang can tangtu oge sampeyan eleh. Waktu Kula nempo mayit Setan Alas kobar; kaciri na tonggongna aya tapak semu biru; moal salah eta Tapak Wesina Nyi Anti; jadi pantes Mawar Hideung bisa ngelehkeun Setan Alas kobar; lantaran waktu keur ruket tanding, sigana Nyi Anti ngabongohan ti tukang; ngan Kulo teu geruh, keun we sina diaku ku Mawar Hideung da teu aya pangaruh naon2 ka Kulo mah. Ngan ti semet harita Mawar Hideung dipikasieun pisan Tapi memang kagagahan jeung Elmu Kanuragan si Mawar Hideung ge mumpuni pisan; tapi mun tarung patutunggalan jeung Setan Alas kobar; can tangtu manehna unggul; saeutikna cilaka duanana.”Hanca
