Ki Bejo ayeuna mah milu nyarita, teu ngabetem wae :”Dimana mana ngaranna tarung nya ku suku jeung leungeun nu pakupis Lain ngadu Bacot !” Ki Gento teu ngengkekeun deui terus we nyerang ka Ki Bejo; nu dilayanan ku Ki Bejo, gesit pisan manehna nyingcet ti na serangan Ki Gento, saterusna males Plak ! Cenah dua leungeun diadu. Kaciri duanana nyengir tanda yen duanana neumbag karang; kaciri salian ti kaget Ki Gento beuki panasaran; terus nyerang deui. Ki Bejo ayeuna mah ngarasa meunang lawan anu Kacida beuratna; manehna ge ngaluarkeun kabisana. “Hahahaha ! Eh ki silah tong cicing wae ! Lalajo ! Sok urang ulin jeung Kulo ! Cek si Jangkung Gede Maruto nangtang ka Jalma. Nya Jalma geus teu bisa mundur deui terus we ngalayanan Ki Maruto. Jalma nempo musuh loba tur Si Macan Telu enyaan jadug; ngarasa yen ayeuna ieu tarung bakal rada beurat; jadi Jalma ayeuna langsung wae ngaluarkeun kabisana ! Enya Ki Maruto jagoan hebat; elmuna cukup mapan, tapi nyanghareupan Jalma nu murid Ki Nurustunjung; kakara ge tilu jurus geus kadesek; padahal tanagana kawilang gede; tapi eleh kesit ku Jalma; ampir2an keuna kasabet jeung katinggang. Subali oge ngarasa kaget pisan terus we ngeureunkeun nu tarung; ayeuna manehna nu maju langsung nangtang ka Jalma:”Eh bocah Cilik ! Kowe nyata jadug hayo Kulo hayang nyoba2 jeung sampean. Eh Maruto mundur heula di.” Ki Wiro gancang luncat ti na kalangan bari luut leet kesang, da ngarasa kadesek ku Jalma. Manehna heran pisan nempo umur Jalma nu ngora keneh, tapi elmuna mumpuni pisan; manehna atoh Ki Subali nitah eureun; bisa ngajaga reputasina mun manehna nepi ka eleh ku budak ngora pantar Jalma. Ayeuna Subali nu nyanghareupan Jalma; manehna teu loba omong terus we nyerang ku gerak kilat nu cepet pisan; Jalma kaget oge, ampir we kacolongan, untung ngagiwar buukna kasabet saeutik, karasa aya hawa panas ka na sirahna; rada lieur karasana; wah ieu Subali enyaan jago pisan, jeung boga tapak nu ampir nyaruaan TAPAK GENI.HANCA
