Jalma nempo yen Ki Subali Kacida kesitna; nya manehna ge ngaluarkeun elmu hampang ragana; bari matek/ngerahkeun tanaga jerona 7 bagean ! Sanggeus ruket mani karesit; dimana nu kaciri ngan ukur pating kolebat; euweuh hiji ge Anak buah Macan Telu nu nyaho gerakan2 ieu dua jago nu keur tarung; tapi ari Maruto mah awas. Manehna beuki heran ka na kasakten Jalma ! Kahebatan Jalma. Wah untung aaing eureun; mun henteu mah tangtu susah oge. Ayeuna mah Ki Maruto teu wani nganggap enteng Ka Jalma jeung ka Ki Bejo. Manehna ayeuna nempo Ki Gento masih rame tarung jeung Ki Bejo; ah mun urang saeutik we pipilueun tangtu musuh Ki Gento bakal gampang dielehkeunana; engke sanggeus eta musuh Ki Gento eleh; tinggal nyanghareupan eta budak ngora ! Hah tangtu duanana bakal bisa diringkus ! Kitu pamikir Ki Maruto waktu harita. Barang manehna rek maju, ngabantuan Ki Gento; teu kanyahoan seeer ! aya sora angina nu rada deres nuju ka Ki Maruto; Ki Maruto untung awas langsung ngabanting diri, mani tigugulitik. Untung Ki maruto geus biasa latihan teuas badan; jadina ngagulingkeun diri teu karasa naon2. Ampir we manehna kasabet ku eta baledogan. Barang ditempo, ngan ukur hiji rokrak; tapi karasa tanagana beurat pisan; nepi ka angina oge karasa pedes ku Ki Maruto ka na kulitna. Sanggeus nangtung deui, langsung we Ki Maruto nyarekan laklak dasar :”Eh Jangkrik ! kowe metu ! ora laku Demit heh !” Nu garelut nerus keun garelutna, ari Ki Maruto culang cileung, neangan nu samuni di antara kakaian; tapi hatena ngageter oge lantaran kaciri eta nu datang lain sisiwo; mun musuh tea mah matak rugi gede pisan. Nu duaan ieu wae can tangtu monyet hideungna . Sedeng eta jelema bisa maledogkeun rokrak kalawan karasa angina nyeri ka na kulit. Wah ! Ujug2 aya nu hiber ti na gumplukan kakaian; nuju ka tengah2 kalangan nu keur tararung; Ki Maruto nempo nu dibaledogkeun teh hiji Bandera; tapi can ge eta banderana nancep Jelemana geus datang manten persis hareupeun Ki Maruto. “Eh ek ! Mawar Ireng !? … Ki Maruto ngomong bari rada gugup. Kusabab Ki Maruto nyebutkeun ngaran Mawar Hideung; eta nu tararung laju areureun ; bari siap2 rek tarung deui. Ki Subali geus nunjuk … Bari rek ngomong… tapi kapiheulaan manten Ku Mawar Hideung :”Eh Subali ! Kulo apal yen Kowe datang ka dieu ka Alas Kobar, Rek neangan Kulo; rek males pati nya !? “ “Yeuh Subali, jeung tilu murid Alas Kobar; Kaula lain ngantep ka sampeyan; tapi kakara ngadenge beja ! Kulo keur sibuk ! Tah ayeuna Kulo salse; Sampeyan bakal diperenan ayeuna ku Kulo nepi ka ulah aya gantar kakaitan deui engkena !” “Poma ulah aya nu wani ngahalang halang, diantara Kulo jeung ieu Telu murid Setan Alas Kobar ! Eh para kambrat nu lobaan, mun aranjeun masih nyaah ka na nyawa geura arindit bubar ti ieu tempat !” Mawar hideung bari ngomong kitu teh, bari melong ka Jalma , ka Ki Bejo jeung ka anak buah kumpulan Macan Telu. Saenyana mah para kambrat Macan Telu masih ragu2; tapi tadi manehna nempo pamimpinna tarungna jeung dua budak ngora geget pisan ! Ayeuna datang Mawar Hideung asa ka teu teu ari; tapi barang rek ngarejat balubar; teu kanyahoan aya sora nongtoreng matak geueuman :” Heh, nu aya di darinya tong arindit ieu Kulo Utusan ti Tumenggung Wiraguna Purworejo; Kulo Demang Walang Seto !” Barang jep eta sora eureun di hareupeun sakabehna mucunghul hiji Demang nu sembada Kumisna ipis kaciri masih ngora kira2 27 taunan umurna; kaciri eta Demang paromanna wibawaan. Nu keur adu renyom jeung nu rek lumpat laju areureun.HANCA
