Sajongjonan
rada ngahuleng Lasmini/Mawar Hideung nu keur aya di na wujud Lasmini; teu lila
pok matur:”Kaula enyaan hayang nulungan ieu dua budak awewe; lamun ku Kula
dipulangkeun meureun moal tuntas nulunganana. Cek pamikir Kula,  lamun urang 
nulungan jelema, kudu nepi ka
tuntasna, ulah satengah satengah. Jadi Kula rek nulungan , bari jeung mere
bekel pikeun ngajaga diri maranehna. Itung2 Kuring mere jeujeur, lain mere
laukna wungkul !” 


Jalma :”Sigana
alesan sampeyan asup akal; tapi naha sampean Mbak Lasmini/Mawar Hideung, teu
mikirkeun kasusah nu jadi kolot2na ? nu kaleungitan budakna ? Naha atuh mun
bisa mah, warta2 we teu budakna dibawa ge. Pan ieu mah Kacida pisan gede 
mangpaatna
? Naha Mbak teu ngamanah dugi ka dinya !?” 


Sajongjonan
mah Lasmini beureum beungeutna, kaciri aya sinar2 rada ambek na beungeutna;
tapi teu lila pok ngomong:”Yeuh Jalma, teu kudu sampeyan jauh teuing pipilueun
urusan Kaula; ngan lamun Kaula indit ka Wanayasa heula, terus basa basi heula;
sigana moal bisa Kuring ngajar Silat, eta Nyi Ipah. Jeungna deui Kuring  teu 
niat rek mulangkeun eta dua budak sama
sakali !” 


Jalma
ngarasa kaget pisan , ngadenge eta omongan Lasmini pang ahirna; awakna nepi ka
ngageter nahan parasaan nu rek muntab teu katahan.  Sanggeus istighfar na jero 
hatena, pok Jalma
nyarita deui:”Lamun enya paniatan sampean nahan eta budak awewe, naon alesanana
? Eta sarua jeung nyulik budak batur !” Jalma rada keras ayeuna mah nyaritana. 


“Hehehehehe
… teuteusingna Kaula nyulik jelema; malah nulungan jelema nu diculik !
Kasalahan aya di diri sampean , naha ayeuna rek nuduh Kula nyulik !?” 


Jalma :”Naha
? Kula mah teu nyulik ? sampeyan nu nyata2 geus misahkeun hiji budak jeung
kolotna !” 


Lasmini:”Hahahaha,
nya salah sampean Jalma ! Enyaan maneh mah teu bisa mikir!  Yeuh mun enya ge 
nyaah ka eta Nyi Ipah, naha
geuning bisa diculik ku batur !? Cing pikir, eta salah saha !?” 


Leng we
Jalma pusing, enya oge ana dipikir pikir nu salah nya kolot2na jeung ieu
kuring; lantaran teu waspada nepi ka Nyi Ipah bisa diculik ! Tapi ngaranna ge
culik, maranehna pasti tetep bakal ngincer dimana bongohna. Jadi masing dijaga
kalah kumaha oge, mun geus aya niat nyulik mah, awal ahir oge kaculik; tah ieu
sigana Lasmini maksakeun pisan alesanana; jadi rada teu asup akal.Hanca
 

Kirim email ke