Pok we Jalma
nyarita deui:”Ari masalah eta mah, memang geus takdir, hese urang nyalahkeun si
itu si ieu; nu jelas sampeyan ayeuna geus nahan hiji budak kalawan euweuh idin
ti kolotna !” 


“Hehehehe …
Jalma … Jalma .. andika ngomong sangeunahna wae; ayeuna sampeyan nyanghareupan
Lasmini ! Masih bisa ngawangkong  !
Peuting isuk mangka sampeyan sanghareupan Mawar Hideung di Pasir Wuni. Urang
hayang nempo, naha maneh masih bisa loba omong kawas ayeuna !? Ayeuna Kula keur
sibuk, sampean jung balik heula; keur nyiapkeun diri peuting isukan !” 


Eta hiji
tanda nu boga imah ngusir/nitah indit ka manehna; nya Jalma jeung Ki Bejo
permisi bari hatena rada mentegeg. Sigana memang ayeuna mah kudu ku kakerasan;
teu bisa sacara lemes sacara diplomasi eta masalah dianggeuskeun. 

Jalma jeung
Ki Bejo ngaraleos indit deui ka tempat nginep di Bantul. 


Episode ka
55: Ki Brojo Nitis 

   

Barang jol
ka tempat nginep, Jalma geus teu mikir naon2 deui terus we ngagoloyoh sare, teu
cai2 acan. Sigana Jalma rada parusing. Ari Ki Bejo mah dahar heula, da ngarasa
lapar; nu boga imah nanya bari mesem :”Piye Mas, Mbake Lasmini ? Dijawab ku Ki
Bejo rada teugeug jeung haroream :”Wah Angel tenan!” Si nu boga imah nyenghel
we maphum. Nya geus kitu mah Ki Bejo ge terus sare langsung we kerek. Waktu
asar kakara duanana harudang. 


Astaghfirallah,
cek Jalma na hatena; aduh aing katalanjuran yeuh teu shalat lohor; kapaksa
manehna shalat 8 rak_at nya eta qadha lohor jeung shalat asar; terus we maca
istighfar ratusan kali. 


Diantara
semah nu nginep di eta imah aya hiji jelema tengah tuwuh, nu sering nitenan
kalakuan Jalma; unggal2 paadu teuteup manehna sok imut ka Jalma. Nya Jalma
sanggeus shalat asar nepungan eta jelema tengah tuwuh; terus we kekenalan,
ngaranna cenah Ki Brojo Nitis; manehna ti Bantul Kidul rek ka Semarang.HANCA
 

Kirim email ke