Kang, aduh loba anu teu kaharti ku kuring kecap ieu
Mingkin = Sampe/Ngajauhan?
Hibarna =
Ngempur =
Hiur = Hiliwir
Ngalayung = Ngalamun?
Lindeuk = Laun?
Ngempur =
Peteng = Peting?
Ngalange = Neyekel tuur?
Ngincid = Lempang?
inggeung = Goyang/Endag?
 
 
 
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 23 Mei 2012 9:04
Judul: [kisunda] Fiksimini - Balayar
  

 
   
 
Fikmin #Balayar#

Hoang sirineu. Kapal tarik jangkar. Panumpang rajeg di birit kapal. Ngangkleung 
mingkin nengah dianteur hibarna layung. Ting burilak lambak, ngempur 
umpal-umpalan. Hiur angin kaburitnakeun, ngabebetah nu balayar. Ngong adan 
magrib dina sapéker ngagareuwahkeun nu anteng ngalayung. "Mending magrib heula 
sakalian isa, meungpeung ombak masih lindeuk! Maju ka peuting ombak tambah 
motah!" Rét ka Si Samsu. "Ari manéh palangan kénéh?" Pokna ka nu gigireun. Si 
Hamad ukur nyéréngéh. Majar lebar ku ngempur layung. Budalan ti musola Al-Bahar 
langit mongkléng karungkup peteng. Si Hamad masih ngalangeu dina bangku di 
buritan. Ngelun ngagulung haseup Dji Sam Soe. "Urang teruskeun deui cangkulan 
yu!" Pokna. Ngincid muru ka barak. Waktu nérélék ka tengah peuting ombak tambah 
rosa. Kapal inggeung. Gebret hujan. Ngahudang kakeueung. Ombak mingkin motah 
ngulinkeun beuteung kapal. Ngeplok. Orolo tukangeun! Orolo gigireun! Solontod 
si Hamad ngusruk. Borolo utah
 uger. Kaluar jeung papaitna. Beungeut sepa, panon celong, awak ngadégdég. 
Kulahék. Nu giras nyungseb ngalempréh. ***
   
      

Kirim email ke