Mingkin = terus Hibarna = cahaya benderang Ngempur = cahaya benderang Hiur = Hiliwir Ngalayung = Nyawang layung (lembayung) Lindeuk = lawan kecap giras (liar) Peteng = poek Ngalangeu = menerawang ke tempat jauh Ngincid = Leumpang inggeung = Goyang/Endag
2012/5/23 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Kang, aduh loba anu teu kaharti ku kuring kecap ieu > Mingkin = Sampe/Ngajauhan? > Hibarna = > Ngempur = > Hiur = Hiliwir > Ngalayung = Ngalamun? > Lindeuk = Laun? > Ngempur = > Peteng = Peting? > Ngalange = Neyekel tuur? > Ngincid = Lempang? > inggeung = Goyang/Endag? > > > > > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> > *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Rabu, 23 Mei 2012 9:04 > *Judul:* [kisunda] Fiksimini - Balayar > > > Fikmin #Balayar# > > Hoang sirineu. Kapal tarik jangkar. Panumpang rajeg di birit kapal. > Ngangkleung mingkin nengah dianteur hibarna layung. Ting burilak lambak, > ngempur umpal-umpalan. Hiur angin kaburitnakeun, ngabebetah nu balayar. > Ngong adan magrib dina sapéker ngagareuwahkeun nu anteng ngalayung. > "Mending magrib heula sakalian isa, meungpeung ombak masih lindeuk! Maju ka > peuting ombak tambah motah!" Rét ka Si Samsu. "Ari manéh palangan kénéh?" > Pokna ka nu gigireun. Si Hamad ukur nyéréngéh. Majar lebar ku ngempur > layung. Budalan ti musola Al-Bahar langit mongkléng karungkup peteng. Si > Hamad masih ngalangeu dina bangku di buritan. Ngelun ngagulung haseup Dji > Sam Soe. "Urang teruskeun deui cangkulan yu!" Pokna. Ngincid muru ka barak. > Waktu nérélék ka tengah peuting ombak tambah rosa. Kapal inggeung. Gebret > hujan. Ngahudang kakeueung. Ombak mingkin motah ngulinkeun beuteung kapal. > Ngeplok. Orolo tukangeun! Orolo gigireun! Solontod si Hamad ngusruk. Borolo > utah uger. Kaluar jeung papaitna. Beungeut sepa, panon celong, awak > ngadégdég. Kulahék. Nu giras nyungseb ngalempréh. *** > > > >
