walah..walah...beuki rame. jigana mah si Jalma teh bakal eleh ku mawar hideung. 
terus guguru deui neangan elmu nu leuwih pinunjul. saha tah pigurueunnana nya???



________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Jumat, 25 Mei 2012 7:14
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 190
 

  
Ki Bejo
nyakakak :” memangna maneh Jalma, nu sok mikir bulat beulit; maneh mah sigana
nu euweuh ge diciptakeun supaya aya; ari nu aya dianggap euweuh. Hahahaha. Uing
oge nu geus reureujeungan jeung maneh, teu ngarti ari jero2na sampeyan mah.”
Jalma oge
milu seuri:” Hahahaha, jadi ilaing milu lieur pan ? Karasa nya ayeuna mah ?”
Ki Bejo:”
jadi kumaha atuh ayeuna urang teh ?”
Jalma :”
Kieu yeuh, tapi poma maneh kudu nurut ka na omongan uing; lamun henteu maning
oge tong milu !”
Ki Bejo: “
Ah geus kadinya deui wae losna teh. Sok atuh lah jangji uing bakal nurut  kuma 
maneh we lah.”
Jalma :”
kieu yeuh; engke uing bakal tarung jeung Mawar Hideung; poma maneh ulah 
pipilueun;
cicing we lalajo di sisi. Ke mun uing nepi ka elehna , cilakana, ulah geumpeur
gancang we bawa ti eta tempat tarung ka Wanayasa.”
Ki Bejo
:”Eta ku ngagampangkeun pisan maneh mah ari ngomong teh. Nepi ka eleh ge
diitung. Naha memang rek toh2an tarung jeung Mawar Hideung teh ? Kapan cek
ilaing cenah lain musuh Mawar Hideung mah. Naha bet ngitung nepi ka siga nu
satengah kejer ?”
Jalma
:”Maneh piraku teu apal soal kapendekaran ? Meureun boh uing, boh Si Mawar
Hideung hayang nunjukkeun saha nu leuwih jago; tah masing enya ge euweuh rasa
ngamusuh ari geus tarung patutunggalan kitu mah, nya duanana bakal satekah
polah ngelehkeun lawan. Tah di na tarung nu kieu, geus teu mikir deui; tah eta
nu matak sok loba Pendekar nu hanjakaleun ahirna.”
“Mun uing
meunang tarung.” Jalma neruskeun omonganana; euweuh masalah, sabalikna mun uing
eleh, pastina ge uing teh meureun teu beleger deui; da tanaga kakuras; tah eta
bagean sampeyan Bejo nulungan uing, bawa uing ka Wanayasa; mun sampeyan milu
gelut; tah saha nu bakal nulungan uing ? Da Mawar Hideung pasti moal ganggu ka
sampeyan; uing nyaho sipat Pendekar model Mawar Hideung. Moal gampang 
nyilakakeun
ka batur bari teu puguh alesanana.”
Sajeroning
ngadengekeun omongan Jalma, Ki Bejo ngan unggut2an we; da memang omongan Jalma
asup akal pisan; padahal tadina mah Ki Bejo hayang milu ngahurup ka Mawar
Hideung; tapi ngadenge omongan Jalma manehna sadar; yen lamun kitu carana pasti
duanana moal salamet; mun hayang ngabantuan Jalma nya kudu kitu carana; nya eta
nu diomongkeun ku Jalma. Ayeuna mah Ki Bejo ngarti pisan.
Ku sabab Ki Bejo
kacirina geus ngarti Jalma ayeuna mah tenang , terus we asup ka kamar ngalatih
deui pernapasan; latihan napas.
HANCA
   
 

Kirim email ke