EPISODE ka
56 : Para pendekar Pinilih adu wewesen 

   

Peutingna
sanggeus shalat Isya; Jalma ngado’a khusyuk pisan lantaran manehna bakal
nyanghareupan hiji hal nu rada beurat; Jalma nyuhunkeun kasalametan jeung
kamulusan; di na enggoning ngajalananana. 


Ayeuna
pakean Jalma make baju sarwa singset; pakean hideung hideung; terus rompi
maungna dipake; manehna ge nyiapkeun senjata rasiah nu arang dipake; bral we
indit dituturkeun ku Ki Bejo. Sajajalan teu weleh maca shalawat. 


Ari nu
disebut Pasir Huni teh; nya eta hiji taneuh nu luhur ayana di tengah Bantul;
eta taneuh luhur teh, lungkawing rada hese dijalananana; komo atuh ari peuting
mah; tapi kabeneran harita keur caang bulan, bentang baranang langit lenglang;
jadi masing peuting ge atra nempo kaayaan; komo atuh keur Pendekar model Jalma
jeung Ki Bejo mah; da geus biasa latihan nempo di nu poek. 


Nepi ka
Pasir Wuni Jalma nempo jalan keur kaluhur; nya netek nya loba batu sareukeut;
mun teu ati ati mah bisa2 suku lecet atawa tatu. Tapi Jalma jeung Ki Bejo
biasa latihan nu leuwih hese ti batan ieu Pasir Wuni. Nya duanana ku
ngagunakeun elmuna gancang pisan nepi ka luhur.HANCA
 

Kirim email ke