Di luhur kaciri taneuhna rata; jeung loba jukutna; tapi teu kasampak aya sasaha; nya Jalma jeung Ki Bejo terus we nuju ka Beulah kaler; lega oge eta Pasir Wuni teh, jadi moal sieun tigorobas; atawa tijungkel ka handap Teu kungsi lila, sanggeus manehna nyekel posisi di Kaler; ti handap aya sora susuit mani ngajeleter matak katorekan; tanda eta sora susuitan teh make tanaga jero nu rohaka; gancang Jalma jeung Ki Bejo konsentrasi nganetralisir eta sora. Sorana masih kadenge Jelemana geus datang luncat ti na jajalanan mani luwes pisan; bener2 kawas manuk ngapung ti handap ka luhur. Samemeh napak na taneuh eta sosok teh ngalungkeun barang nu narancep na taneuh dua bandera laleutik gambar WALET Hideung jeung Mawar Hideung ! Ki Bejo ngadadak ngadegdeg; Jalma oge rada ngageter, enyaan wibawa Mawar Hideung lain sisiwo ! Pantes loba Pendekaar gimir nyanghareupan ieu Mawar Hideung. “Hahahahaha ! Eta Mawar Hideung teh nyakakak, tapi masih kadenge sora awewena. Pakean Mawar hideung sarwa singset hideung hideung; buukna diiket ku lamak beureum; memang sosok awewe, tapi Kacida pikagigiseunana; Ki Bejo nu tadina aya niat ngahurup ge, nempo kitu mah asa hayang mabur we ku gimir2na. Jalma mah terus nenangkeun hatena bari babacaan; da apal yen Mawar Hideung, salian ti demo ELMU kanuraganana, oge sigana maca ajian pileunpeuhan, nu ngajadikeun musuh gentar; ieu oge dasarna ti na tanaga jero. Nya Jalma ge ngalawanan bari ditambah ku ngadua sabisa bisa. “Jalma !” cek Mawar Hideung ngabuka omongan. “Tetela anjeun lalaki sajati ! Sampeyan satriya. Sok ayeuna maju tembongkeun kabisa sampeyan hareupeun Kaula !” “Hahahaha !” jalma ayeuna mah nu seuri nyakakak. “Bener2 lain beja kahebatan Mawar Hideung, estu pantes sampeyan dipigimir ku para Pendekar ! Nyata ngaran Mawar Hideung lain ngaran asal2an. Tapi Kula ayeuna boga tujuan nu papalimpang jeung diri sampeyan; jadi masing kalah kumaha oge urang duaan bakal ngadu elmu kanuragan.”HANCA
