Sagebrakan
geus aya lima jurusna silih tukeur tonjokan; Mawar Hideung ngeureunan heula
ngadon nyakakak :”Hahahaha ! Pendekar Maung Sancang ! Kaula geus ngadenge
ngaran sampeyan sering disebut sebut. Tapi Kaula nganggap eta pasti NGARAN
kosong nu euweuh hartina ! Hahahaha, tapi nyata ayeuna sampeyan geus
nembongkeun kahebatan sampeyan hareupeun
Kula; teu percuma Kaula miceun waktu ka ieu tempat !”
Saenyana
mah, Jalma karek lima jurus ge geus ngarasa luut leet; baheula kungsi jeung
Pendekar Betawi manehna kapaksa ngaluarkeun kabisana; tapi da manehna nu unggul
! Tapi ari ayeuna, wah cape jeung beurat Kacida; memang can eleh; tapi sigana
memang Mawar Hideung moal bisa dielehkeun kitu wae. Beda pisan ti lawan2 sejen
nu geus disanghareupan ku manehna.
Ayeuna dua lawan kaciri sayaga deui; ari nu
lalajo nu ngan ukur saurang, nya eta Ki Bejo; ngan ukur bisa gigideug, jeung
cak cek … enya we bener mun Kula ngahurup, lain ngabantu Jalma, puguh mah matak
nyusahkeun Jalma; hayoh we konsentrasina kaganggu keur melaan manehna; da pasti
manehna nu bakal jadi sasaran utama ku Mawar Hideung; jadi bener matak rugi.
Hanas ngahurup, tapi bari keok oge. Wah memang si Mawar Hideung mah mumpuni
pisan. Kitu pikiran Ki Bejo waktu harita.
HANCA