Duanana
kaget ! Jalma kaget lantaran di na elmu hampang raga nyata Mawar Hideung hese
ditandinganana; ari Mawar Hideung kaget lantaran Jalma bisa lolos ti na bahaya;
mun keuna tangtu Jalma bakal cilaka. 

Jalma
gancang luncat jeung siap sadiya; manehna ngarasa untung lantaran Mawar Hideung
teu neruskeun seranganana; sabab mun tadi Mawar Hideung nyerang deui tangtu
Jalma bakal ngaluarkeun senjatana. 

Eta gerakan
ti dua pihakanana Kacida karesitna; Mawar Hideung nyerangna ngan sakilat;
Jalma oge ngelok ngan sakilat oge. 

Kakara ge
Jalma ajeg, Mawar Hideung nyorowok ciaat ! tapi eta tulisan ciat teh, ari
buktina mah peureup geus nuju ka na irung Jalma; ampir bareng antara ciat jeung
cepetna tonjokan, malah karasa ku Jalma mah tonjokanana nu tiheula ngadeukeutan
irung Jalma. 
Serangan kadua ieu, Mawar Hideung ngagunakeun jurus Cucuk Ros
nojos cingir! Panon Jalma nu cingceung awas pisan ka na sasaran eta jurus; enya
ge ngan sakilat; tapi ku gerakna taktak Mawar Hideung Jalma apal kamana eta
tonjokan nujuna; mikir jeung gerakan Jalma tangtu KILAT pisan; sabab lamun
telat mikir jeung telat gerak; tangtu Jalma ngajurahroh. Jalma sakaligus
ngaluarkeun  dua jurus; nu hiji ngabela
diri; nu kadua keur males nyerang ka Mawar Hideung.  

Ku sabab Ki
Nurustunjung mah jelema aneh; jurus nu digunakeun ku Jalma ngaranna ge araneh.
Jurus nu keur nakis disebutna “Miceun runtah jeung kokotor”; ari jurus serangan
balik disebutna “Nyomot gulali dipotongkeun”; lamun leungeun Mawar Hideung nu
nonjok tadi kabeunangan, tangtu Mawar Hideung rugi oge ! 

Tapi ngan
sakilat oge nyaho seranganana gagal Mawar Hideung; ngarobah jadi jurus “Walet
ngapung ka mega” ; ngan sakilat Mawar Hideung geus malik nyerang deui ku
tajongan ari leungeunna salamet ti na jurus Jalma. 

Tapi eta
tindakan nu ngan sakilat ti Mawar Hideung, masih katuturkeun ku Jalma; gancang
Jalma ngan sakilat oge ngarobah jurus, jadi “lauk lele luluncatan”; jadi
sakaligus nyerang terus koprol ka tukang.HANCA
 

Kirim email ke