Sigana lalakon teh rek lekasan. Guruna Mawar Hideung moal cicingeun ningali murid kakasina dikoroyok. Nya kitu deui Ki nurustunjung bakal mucunghul di bantul.
mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Thursday, May 24, 2012 11:49 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 196 Barang duanana rek maju deui, teu kanyahoan ti handap aya soara nu nyorowok, bari daratang ka tempat eta :”Hahahaha; aya raramean di dieu ! Cing Kulo ajakan.” Ti handap kaciri tingkolebat opat dedegan/sosok ; kaciri lalaki wungkul. Barang jol kaciri Si Macan Telu; jeung hiji jelema tengah tuwuh; Jalma kaget, lantaran nu tengah tuwuh teh nyata Ki Brojo Nitis. Ki Brojo Nitis ge reuwaseun barang pateuteup jeung Jalma, manehna rada ngalengos. Ki Subali pok nyarita :” Tah ieu paman, nu nelasan Guru Kaula atawa kang Mas sampeyan sapaguron teh.” Ngomongna kitu Subali bari nunjuk ka Mawar Hideung. “Hemmm ; jadi ieu Mawar Hideung nu ngagegerkeun pesilat sa tanah Jawa teh ? Hahaha. Jadi awewe ieu nu geus nelasan Kang Mas Sugondo ?” Jadi ngaran aslina Setan alas Kobar teh Sugondo. Nenjo nu daratang, rata2 ngamusuhan ka manehna; Mawar Hideung lain gimir, malah seuri mani tarik:” Hahaha ! Jalma sampeyan teh ngahaja ngondang ieu para pecundang !?” Omonganana ditujukeun ka Jalma. Jalma gancang we nyarita:”Hahaha ! Enya ge Kula moal bisa ngelehkeun sampeyan, tapi Kula Jalma Si Maung Sancang, moal bakal ngajak jelema keur ngoroyok sampeyan.” Subali gancang nyorowok:”Kula ge datang ka ieu tempat, lain ku sabab sampean Jalma; tapi Kula arek males pati. Jadi sampean mah tong pipilueun; lalajo we di sisi.” Sora Subali Kacida nguntup yen pasti bakal bisa ngelehkeun Mawar Hideung. “hahaha, eh Subali, sok we kadieu koroyok kula; kula moal mundur.” “Ah teu kudu” bari siet manehna miheulaan nyerang ka Mawar Hideung. Jurusna seuneu ngahuru leuweung. Gerakanana gesit pisan, tanagana karasa aya hawa panas; padahal rada jauh jeung Jalma mah. HANCA
