Barang
duanana rek maju deui, teu kanyahoan ti handap aya soara nu nyorowok, bari
daratang
ka tempat eta :”Hahahaha; aya raramean di dieu ! Cing Kulo ajakan.” Ti handap
kaciri tingkolebat opat dedegan/sosok ; kaciri lalaki wungkul.
Barang jol
kaciri Si Macan Telu; jeung hiji jelema tengah tuwuh; Jalma kaget, lantaran nu
tengah tuwuh teh nyata Ki Brojo Nitis.
Ki Brojo
Nitis ge reuwaseun barang pateuteup jeung Jalma, manehna rada ngalengos.
Ki Subali
pok nyarita :” Tah ieu paman, nu nelasan Guru Kaula atawa kang Mas sampeyan
sapaguron teh.” Ngomongna kitu Subali bari nunjuk ka Mawar Hideung.
“Hemmm ;
jadi ieu Mawar Hideung nu ngagegerkeun pesilat sa tanah Jawa teh ? Hahaha. Jadi
awewe ieu nu geus nelasan Kang Mas Sugondo ?”
Jadi ngaran
aslina Setan alas Kobar teh Sugondo.
Nenjo nu
daratang, rata2 ngamusuhan ka manehna; Mawar Hideung lain gimir, malah seuri
mani tarik:” Hahaha ! Jalma sampeyan teh ngahaja ngondang ieu para pecundang
!?” Omonganana ditujukeun ka Jalma.
Jalma
gancang we nyarita:”Hahaha ! Enya ge Kula moal bisa ngelehkeun sampeyan, tapi
Kula Jalma Si Maung Sancang, moal bakal ngajak jelema keur ngoroyok sampeyan.”
Subali
gancang nyorowok:”Kula ge datang ka ieu tempat, lain ku sabab sampean Jalma;
tapi Kula arek males pati. Jadi sampean mah tong pipilueun; lalajo we di sisi.”
Sora Subali Kacida nguntup yen pasti bakal bisa ngelehkeun Mawar Hideung.
“hahaha, eh
Subali, sok we kadieu koroyok kula; kula moal mundur.”
“Ah teu
kudu” bari siet manehna miheulaan nyerang ka Mawar Hideung. Jurusna seuneu
ngahuru leuweung. Gerakanana gesit pisan, tanagana karasa aya hawa panas;
padahal rada jauh jeung Jalma mah.HANCA