Tapi sanajan
Subali kesit jeung mantep tapi Mawar Hideung leuwih kesit deui; malah manehna
ngabarengan oge luncat sawaktu Subali luncat ka manehna; jadi di dieu Mawar
Hideung geus bisa naksir kamana gerakan Subali; manehna make gerak Walet
nyirorot;  luncat ka luhur bari geus kitu
neunggeul ti luhur ka handap ! Subali gancang ngagerakkeun leungeun nakis ka
luhur; serangan nu mimiti geus gagal; malah manehna ampir kabeunangan taktakna;
untung masih bisa nakis. Orokaya Subali rada ngoloyong; tapi untung gancang
ajeg deui; lantaran memang Elmu Subali ampir nyaruan guruna Si Setan Alas
kobar. 

   

Tapi Mawar
Hideung teu cicingeun terus we nyerang deui sababaraha kali make jurus beda2 nu
teu katulis di dieu ku cepet2na; Subali ampir2an; sedengkeun tapak panasna Ki
subali teu aya pangaruhna keur Si mawar Hideung. Gancang wae Ki maruto jeung Ki
Gento ngaluarkeun senjatana terus dipake nulungan Subali. Tapi ngan sakilat
Mawar Hideung ninggalkeun Subali nu keur ripuh terus malah nyerang ka nu keur
nyarerang, nya eta Ki Maruto jeung Ki Gento. Ki Maruto katampaling nepi ka
babangkieungan ; ari Ki Gento persis walikatna keuna katajong Mawar Hideung.
Atuh Gento aduh2an terus tigugulutik. 


Tapi boh Ki
Maruto, boh Ki Gento duanana ge jadug; enya nyeri tea mah; tapi masih bisa
ditahan maranehna maraju deui rek ngepung Mawar Hideung. Tapi kaciri Mawar
Hideung teu gentar sama sakali; malah seuri ngeunah pisan; pok
ngomong:”Hahahaha … sok atuh sakalian jeung paman guruna kainyah maju !”HANCA
 

Kirim email ke