Ki Brojo Nitis nenjo yen enya ge Si Mawar Hideung dikoroyok, tapi kaciri manehna masih bisa ngalayanan si Macan Telu ; malah tibalik si Macan Telu nu kaserang ku Mawar Hideung; barang manehna aya niat rek maju; jol2 ti hareupeun aya nu ngahalangan. Teu salah deui, eta Jalma nu kamari ieu ngobrol jeung manehna. Jalma bari ngahalang, bari nyarita:”Eh Paman ke heula anan piraku rek dikoroyok ku opat lalaki; eta awewe hiji ?!” Ki Brojo Nitis:”Eh bocah ! sampeyan tong pipilueun engke bakal cilaka; maning maneh mah nonton we di sisi.” Jalma:”Eh Paman, kapan sampeyan geus bisa ngelmu manunggaling Kawulo Gusti; naha make rek ngoroyok ? Jeung naha sampean teu ngajar eta para ponakan murid, nu jadi begal di alas kobar !” Brojo Nitis:” Eh maneh mah nyaho naon soal Manunggaling Kawulo Gusti !? Tong kokolot begog siah !” Jalma :” Jadi Paman keukeuh rek ngabela eta Si Macan Telu ?” Brojo Nitis :” Pasti ! Lantaran eta murid koko sapaguron Kulo. Kulo wajib bebela !” Jalma :” Mun kitu Paman bakal nyanghareupan Kula.” Brojo Nitis :” Hahahaha; eh bocah Kula geus keuheul ti kamari ieu ! Kasebelan, ayeuna Kula geus ateul hayang nyiksa maneh ! moal sabaraha tanaga sampean Jalma ! Jeungna deui cenah maneh teh ngamusuh ka Mawar Hideung, naon sababna ayeuna malah ngabela ?” Tutup ngomong kitu Brojo Nitis ngabelesat nyerang ka Jalma; maksudna Jalma rek diringkus dibanting; karasa ku Jalma aya tanaga gede nyerang ka manehna, Jalma teu keder gancang ngerahkeun tanaga jerona 8 bagian nu baheula kungsi maragatkeun Maung Sancang; terus manehna nyoba keras lawan keras ka Ki Brojo Nitis ! Plakkk!!! Sora diadu opat tapak ! duanana mundur bari kaget.HANCA
