hebat..hebat..hebat bah AA. ayeuna mah ngaran jurusna geus loba. naha ku alatan jalma melaan mawar hideung, jalma jeung mawar hideung moal neruskeun tarungna? saterusna maranehna jadi duduluran. naha bener mawar hideung teh muridna popotongan ki nurustunjung? bisa jadi ari mawar hidueng mah geus didoktrin ku guruna kudu males kanyeri ka ki nurustunjung atawa muridna. tapi sanggeus mawar hideung wawuh jeung jalma, eta tugas ti guruna teh teu bisa dilaksanakeun, kulantaran mawar hideung ge aya hate kadua leutik ka jalma.... Mantabs pokona mah bah AA.
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Sabtu, 26 Mei 2012 11:37 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 199 Ki Brojo kaget, teu nyangka Jalma nu masih ngora keneh pisan boga tanaga jero sakitu kuatna; ari Jalma teu nyangka yen Ki Brojo Nitis memang boga tanaga jero nu mapakan Jalma. Duanana ayeuna papada waspada, lantaran nu disanghareupan lain Pendekar Biasa. Jalma untung ngerahkeun tanaga 8 bagean, mun henteu mah matak bahaya. Untung manehna geus ngadenge carita Mbah Lanang soal kagagahan Setan Alas Kobar alias Sugondo; jadi Jalma barang mimiti geus langsung ngaluarkeun tanaga gede ! Tapi nyata Ki Brojo Nitis hebat; jadi di na gebrakan mimiti duanana geus bisa naksir kakuatan lawan nu disanghareupan. Ki bejo nempo yen dua pihakanana nu tararung dibagi dua; Mawar Hideung ngalawan Si Macan Telu; ari Jalma nyanghareupan Ki Brojo Nitis. Dua pihakanana dina ieu tarung kaciri geget; jadi can aya katangtuan saha nu eleh. Ngan wae di bagean tarungna Mawar Hideung lawan Si Macan Telu; Mawar Hideung rada unggul. Ki Bejo sanggeus mikir sakeudeung, nyokot batu nu aya di dinya belewer bae maledog Ki Gento; atuh peletak wae senjatana katinggang pisan. Trisula nu keur dicekel Ki Gento lesot. Ki Gento ambek pisan laju nyampeurkeun Ki Bejo:”Heh jelema nu ngaranna Bejo ! Ku naon maneh ngabongohan siah !?” “Hahaha; maneh malah ngoroyok hiji awewe ! Sok jeung aing sia mah tarungna !” “Kurang ajar ! Ke mun uing geus ngelehkeun Si Mawar Hideung kakara rek nyanghareupan sampean ! ari sampean ngamusuh naon ka Kulo hah !?” “Hahaha; kapan waktu eta di alas Kobar maneh tarung jeung aing ! Sok urang tuluykeun ! Ti dinya we mimitina mumusuhan mah !” HANCA
