Ki Brojo
kaget, teu nyangka Jalma nu masih ngora keneh pisan boga tanaga jero sakitu
kuatna; ari Jalma teu nyangka yen Ki Brojo Nitis memang boga tanaga jero nu
mapakan Jalma.
Duanana ayeuna papada waspada, lantaran nu disanghareupan lain
Pendekar Biasa.
Jalma untung
ngerahkeun tanaga 8 bagean, mun henteu mah matak bahaya. Untung manehna geus
ngadenge carita Mbah Lanang soal kagagahan Setan Alas Kobar alias Sugondo; jadi
Jalma barang mimiti geus langsung ngaluarkeun tanaga gede !
Tapi nyata Ki Brojo
Nitis hebat; jadi di na gebrakan mimiti duanana geus bisa naksir kakuatan lawan
nu disanghareupan.
Ki bejo
nempo yen dua pihakanana nu tararung dibagi dua; Mawar Hideung ngalawan Si
Macan Telu; ari Jalma nyanghareupan Ki Brojo Nitis. Dua pihakanana dina ieu
tarung kaciri geget; jadi can aya katangtuan saha nu eleh. Ngan wae di bagean
tarungna Mawar Hideung lawan Si Macan Telu; Mawar Hideung rada unggul.
Ki Bejo
sanggeus mikir sakeudeung, nyokot batu nu aya di dinya belewer bae maledog Ki
Gento; atuh peletak wae senjatana katinggang pisan. Trisula nu keur dicekel Ki
Gento lesot. Ki Gento ambek pisan laju nyampeurkeun Ki Bejo:”Heh jelema nu
ngaranna Bejo ! Ku naon maneh ngabongohan siah !?”
“Hahaha;
maneh malah ngoroyok hiji awewe ! Sok jeung aing sia mah tarungna !”
“Kurang ajar
! Ke mun uing geus ngelehkeun Si Mawar Hideung kakara rek nyanghareupan sampean
! ari sampean ngamusuh naon ka Kulo hah !?”
“Hahaha;
kapan waktu eta di alas Kobar maneh tarung jeung aing ! Sok urang tuluykeun !
Ti dinya we mimitina mumusuhan mah !”HANCA