Ki Gento teu
loba omong, terus we nyerang ka Ki Bejo bari ambek, lantaran senjatana
kapeclengkeun.
Ayeuna sigana Ki Gento enya2
ngaluarkeun elmuna da hayang males kakeuheul ka Ki Bejo. Atuh Ki Bejo teh
ayeuna mah rada kadesek ku Ki Gento.
Ki Gento memang pang lemahna diantara
Macan Telu. Tapi tetep we jadug; Ki Bejo ampir2an sababaraha kali katinggang;
untung Ki Bejo oge lain Pendekar sambarangan, jadi masih bisa lolos ti na tiap
serangan Ki Gento.
Ki Gento
beuki sumanget tarung jeung Ki Bejo; da kaciri rada unggul; lat wae poho ka na
ngepung Si Mawar Hideung mah.
Kumaha ari
Mawar Hideung ? Barang nu ngoroyok tinggal duaan; enya ge Ki Gento rada lemah,
tapi tetep sering ngaganggu ka na tarungna Mawar Hideung; nu matak euweuhna Ki
Gento ngajadikeun Mawar Hideung leuwih unggul.
Atuh ayeuna
mah Ki Subali rada ripuh, komo deui Ki Maruto.
Plaakk ! leungeunna nu keur
nyekel keris katinggang, mani karasa nyeri pisan; kerisna ngacleng ! Keur kitu
teh plak deui talipakan Mawar Hideung keuna pisan ka na pingpingna; bari
dilambaran ku tanaga jero; atuh harita keneh Ki Maruto ngagusrak.
Barang rek
ditambahan deui ku Mawar Hideung Ki Subali rikat nulungan; ku tapak panasna.
Ku sabab
Subali nempo Ki Maruto aya di na bahaya, bari kaciri aya lowongan di na
penjagaan Mawar Hideung, manehna ngan sakilat nyerang lolongkrang ieu !
Plak aduh !
Teu disangka eta lowongan nu ngan sakedet netra teh, pancingan ti Mawar
Hideung; lantaran Mawar Hideung sadar nu pang bahayana jeung pang hebatna
diantara Macan Telu nya Ki Subali; nu matak manehna ngahaja nyecer Ki Maruto,
supaya Ki Subali rada longgar penjaganana lantaran ngabelaan dulurna. Enya we
Ki Subali kapancing; manehna asup bari ngajaga dirina kurang, lantaran hayang
ngabela adi paguronna Ki Maruto.
Atuh barang datang enya ge cepet pisan; tapi
Mawar Hideung leuwih kesit deui. Cangkeng Ki Subali kakeunaan; nepi ka
aduh2an.HANCA