Kuring mah ngan sakadar "provokasi". Geuning eta Bah AA ti kaanggangan tos ngadamel plot jujutan carita ti awal dugi ka ahir.
Teu aya lepatna, sakadar selingan, ngadamel carios "carangan" sesuai sareng kahoyong para pembaca, tanpa mengurangi carios anu diplot ku Bah AA. Sapertos carios Pandawa Lima dina Mahabrata, aya carios "mainstream" aya oge carios "carangan", anu biasa dipedarkeun ku ki Dalang. Baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Narayana Adipranata <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Tuesday, May 29, 2012 5:34 PM Subject: Bls: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 200 muhun eta mah teu langkung bah AA. nu penting caritana lanjut terus...rus..rus.... ngan ieu mah bisi jiga nu dicaritakeun ku kang yani, cenah sigana mah ieu cersil teh tereh enggeusan. ________________________________ Dari: Abbas <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 29 Mei 2012 14:21 Judul: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 200 Sae pisan kang nana; eta usul teh. Mung bae ieu cersil teh tos di plot ku si abah, hahaha. Punten we engkena moal sami sareng nu dikeretegkeun ayeuna. Di na tiap pertatsrungan ku abah teh seuseueurna diusahakeun win win solution tea. Ari panjangna carita : 1. Latar tukang ki Nurustunjung can kaserat, kapan 2. Kumaha papanggihan dua pendekar jaler istri 3. kumaha nasib Nyi Epon sareng lalakonna ? 4. Kumaha nasib Nyi Ipah jeung lalakonna ? 5. Saha jodo Jaalma ? 6. Naha Jalma bakal manggihan nu Maha sagalana ? 7. Naha bakal muncul tokoh sejen deui ? Wah sigana mah masih panjang ieu loalakonn teh; teu tamat ku Jalma eleh tarung. Hahahahaha. --- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote: > > Bah, usul yeuh.. ieu carita teh ulah waka ditamatkeun. kmh mun Jalma teh sing > eleh heula. misalnya ku guruna mawar hideung. geus kitu lalakonna tambahan, > yen saenyana ki nurustunjung teh bogaeun guru. tapi salila ieu > dirahasiahkeun. nah guru ki nurustunjung teh geu maot. tapi ninggalkeun kitab > silat nu diwariskeun ka ki nurustunjung. eusi kitab teh nyaeta elmu pilih > tanding tapi sabab 'sesuatu dan lain hal' (naon nya basa sundana) eta elmu na > kitab silat teh teu bisa ka cangking ku ki nurustunjung. sanggeug manggihan > Jalma eleh tarung bari jeung tatu luar jero, kakara ki nurustunjung > nyaritakeun nu sabenerna. bari ngawariskeun kitab titinggal ti guruna ka > Jalma. harepanna susuganan eta kitab teh ngajodo jeung Jalma. jst we Bah.... > hampura bah lain mapatahan ngojay ka meri, ieu mah ngan saukur usul. nya teu > langkung Bah AA wae caritana mah. pedah uing resep keneh maca Cersilna....:) > > > > ________________________________ > Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Dikirim: Senin, 28 Mei 2012 21:20 > Judul: [kisunda] Cersil Sunda 200 > > > Â > Ki Gento teu > loba omong, terus we nyerang ka Ki Bejo bari ambek, lantaran senjatana > Â kapeclengkeun. > > > Ayeuna sigana Ki Gento enya2 > ngaluarkeun elmuna da hayang males kakeuheul ka Ki Bejo. Atuh Ki Bejo teh > ayeuna mah rada kadesek ku Ki Gento. > > > Ki Gento memang pang lemahna diantara > Macan Telu. Tapi tetep we jadug; Ki Bejo ampir2an sababaraha kali katinggang; > untung Ki Bejo oge lain Pendekar sambarangan, jadi masih bisa lolos ti na tiap > serangan Ki Gento. > > Ki Gento > beuki sumanget tarung jeung Ki Bejo; da kaciri rada unggul; lat wae poho ka na > ngepung Si Mawar Hideung mah. > > Kumaha ari > Mawar Hideung ? Barang nu ngoroyok tinggal duaan; enya ge Ki Gento rada lemah, > tapi tetep sering ngaganggu ka na tarungna Mawar Hideung; nu matak euweuhna Ki > Gento ngajadikeun Mawar Hideung leuwih unggul. > > Atuh ayeuna > mah Ki Subali rada ripuh, komo deui Ki Maruto. > > > Plaakk ! leungeunna nu keur > nyekel keris katinggang, mani karasa nyeri pisan; kerisna ngacleng ! Keur kitu > teh plak deui talipakan Mawar Hideung keuna pisan ka na pingpingna; bari > dilambaran ku tanaga jero; atuh harita keneh Ki Maruto ngagusrak. > > > Barang rek > ditambahan deui ku Mawar Hideung Ki Subali rikat nulungan; ku tapak panasna. > > Ku sabab > Subali nempo Ki Maruto aya di na bahaya, bari kaciri aya lowongan di na > penjagaan Mawar Hideung, manehna ngan sakilat nyerang lolongkrang ieu ! > > Plak aduh ! > Teu disangka eta lowongan nu ngan sakedet netra teh, pancingan ti Mawar > Hideung; lantaran Mawar Hideung sadar nu pang bahayana jeung pang hebatna > diantara Macan Telu nya Ki Subali; nu matak manehna ngahaja nyecer Ki Maruto, > supaya Ki Subali rada longgar penjaganana lantaran ngabelaan dulurna. Enya we > Ki Subali kapancing; manehna asup bari ngajaga dirina kurang, lantaran hayang > ngabela adi paguronna Ki Maruto. > > > Atuh barang datang enya ge cepet pisan; tapi > Mawar Hideung leuwih kesit deui. Cangkeng Ki Subali kakeunaan; nepi ka > aduh2an. > HANCA >
