Memang Mawar
Hideung hebat, tanaga jerona mantep pisan, ditambah elmu hampang ragana hese
ditandingan ku musuh nu mana wae oge. 


Kumaha Jalma
jeung Ki Brojo Nitis ? Memang Elmuna Brojo Nitis hebat; satanding we jeung
Sugondo, alias Setan Alas Kobar; nu matak ayeuna Jalma rada luut leet kesang
ngalawanna.   


Tapi Ki
Brojo Nitis ge kapusingan pisan, sabab Jalma Kacida kesitna; geus rupa2 jurus
dikaluarkeun keur ngadesek Jalma; tapi Jalma weleh teu kateter, malah sakali2
ngalakukeun serangan balik ku jurus2 nu mantep jeung cepet pisan, nepi ka
kapaksa Brojo Nitis mundur! Manehna beuki heran nempo kabisa Jalma; padahal
umurna jauh pisan; wah aing bakal kawirangan lamun kieu mah.  


Teu karasa
Ki Brojo Nitis geus aya ka na 50 jurusna nyecer Jalma, bari can aya hasil.
Kumaha ari Jalma ? Wah manehna geus luut leet kesang, masing enya peuting oge;
karasa ayeuna mah Kacida capena; manehna geus siap2 rek ngaluarkeun senjata 
andelanana;
tapi can aya waktu nu mustari, lantaran Ki Brojo Nitis teu eureun2 nyerangna;
meleng saeutik , pasti kakeunaan ! 


Sanggeus
sababaraha jurus deui, Ki Brojo Nitis luncat katukang; terus manehna nyorowok
tarik , handaruan ! kerekek ! cenah kadenge tulang2 jeung urat2na ngerekek
manehna kaciri keur ngawatek Elmu Pamungkasna. “Ilmu Jaya Ludira” 


Jalma
ngageter kaget, sabab pasti ayeuna Ki Brojo Nitis ngaluarkeun Elmu andelanana;
naha manehna bisa ngalawan ? Karasa ti kajauhaan ge hawa na geus ngagubet ka
Jalma; Jalma saperti dilingkung ku hiji tanaga tanpa wujud nu jiga rek nalikung
jeung nyerang manehna; bawana eta elmu teh nyata matak ngaleuleuskeun musuh
jeung nguras tanaga lawan; gancang wae Jalma melesatkeun senjatana ! keuna
pisan ka na luhureun irung handapeun tarang antara dua panon Ki Brojo Nitis !
Brojo Nitis ngagoak mani tarik pisan; tapi Jalma oge ngajengkang terus
kapaehan.  

  HANCA 

Kirim email ke