---------- Forwarded message ----------
From: dudi mulyadi <[email protected]>
Date: 2012/6/4
Subject: [Urang Sunda] Dongeng si Adul Libur
To: "[email protected]" <[email protected]>


**


Kenging kintunan ti  tatangga yeuh......

Dongeng Libur

Si Adul rek ka Jakarta,  ku indungna dianteur megat beus....
Kenek : Jakarta bu ??
Icih : kang... punten ngke mun nepi cianjur, bejaan ieu budaknya !! (bari
naekeun si adul kana beus)
Kenek : di cianjur..?? .. iya...iya.... tariiiiiik !!!
# Beus maju.... ditengah jalan adul nanya ka kenek #
Adul : tos nepi cianjur can ??
Kenek : can !! lila keneh...
# teu lila si adul nanyakeun deui...#
Adul : tos nepi cianjur can ??
Kenek : caaaan !!.... lila keneh...!!
# kitu jeung kitu we si adul nanya ka kenek nepi ka sarena, beus terus
mamprung nuju ka jakarta,,, teu kanyahoan beus teh nepi ka puncak, si kenek
reuwas, cianjur geus kaliwat #
Kenek : (ngomong ka supir) aduh kang... asa dosa saya ka budak eta !!
(nunjuk ka si adul anu keur sare)
Supir : kumaha kitu ?
Kenek : tadi ka amanatan ku indungna, mun geus nepi cianjur bejaan !!
Supir : wah kumaha ari maneh ?? pan cianjur mah geus kaliwat !! (bingung)
# tungtungna beus teh balik deui ka cianjur, sanggeus aya panyatujuan
panumpang lantaran karunyaeun... nu ahirna beus teh nepi oge ka cianjur....
si kenek ngahudangkeun si adul #
Kenek : jang.... jang.... hudang !! cianjur geus nepi yeuh.... (bari
ngaguyah2 si adul)
Adul : (ngorejat, tuluy nyusut adayna).... nepi mang cianjur ??? (bari gura
giru muka kantong, ngaluarkeun timbel jeung deungeun sangu dina keresek )
Kenek : turun didieu ???
Adul : moal mang... pan uing mah rek ka jakarta, ngeun diamanatan ku indung
uing, mun murak timbel paleubah cianjur.... !!! (bari ngahuapkeun sangu anu
dicocolkeun kana sambel)
Kenek + supir + para panumpang : jeuuuuuuuuh !!!! (bari nepak kana tarang)


 

Kirim email ke