Nya atuh
saterusna ditandu we ka kadipaten. Ari Eta pamuda terus diondang supaya datang
oge ka Kadipaten Jepara. 
Saenyana eta pamuda teh nolak, lantaran cenah loba
adat peradatan; kararagok cenah; tapi satengah maksa eta Senapati terus
ngudukeun Ki Sangga Prakosa datang; lantaran cenah ti barang eta Pendekar gagah
nulungan Jepara ti na bahaya nu bakal tumiba; nya ku tulungna Sangga Prakosa
Kadipaten Jepara teu jadi carem.

Saenyana
Adipati Ranuwijaya teu pati resepeun ka Kumpeni; malah hayang baruntak, tapi teu
wasa lantaran mun kitu sarua jeung ngorbankeun Kadipaten Jepara jeung
ngorbankeun rahayat; jadi nahan diri we ieu Ki Ranuwijaya teh. Tapi Regent
wakil Kumpeni nyaho yen Adipati Jepara kurang simpatik ka Kumpeni; nya Regent
nyieun alesan supaya bisa ngahukum Adipati Ranuwijaya. 
Regent Jepara nu eta
ngaranna Hans Van Rebech ( baca rebek ). 

Eta Hans Van
Rebech na hiji mangsa ngadatangan Adipati bari mere parentah Adipati kudu
nyieun jalan ti Jepara ka Demak; lantaran cenah jalan nu ayeuna geus teu coccog
deui jeung kamajuan jaman. Kudu anggeus di na waktu tilu bulan cenah. 
Adipati
Ranuwijaya maphum yen eta parentah teh nyata rek nyusahkeun; tapi mun henteu
Jepara bakal diserang; paling saeutik Kadipatenna bakal dibikeun ka jelema nu
nurut ka Kumpeni.

Adipati jadi
nguluwut; teu ngeunah dahar jeung sare; gawena humandeuar; lamun nitah rahayat;
Adipati ngarasa watir ku rahayat, tapi mun teu dilaksanakeun tangtu
Kaadipatianana bakal dicopot.

Saminggu ti
harita aya pamuda datang ka Kadipaten cenah bejakeun ka Kangjeng Adipati kula
rek ngadep kituh. Tangtu we eta pamuda diusir da pakeanana ge karuleuheu teu
parantes; bari ngomongna ge sama sakali jauh ti na hormat ka Adipati. 
Tapi
nyata eta pamuda teh teu beunang diusir; malah para prajurit ting talambru; nya
datang Ki Senapati Indraloka; nu langsung nyabut keris; tapi can ge eta keris
ditubleskeun ; teu nyaho kumaha kerisna geus aya di eta pamuda; bari
seuseurian, Nurustujung pisan !

Keur ribut2
kitu Sang Adipati kaluar, nanyakeun ; sanggeus nyaho tujuanana, terus we
Adipati nyarita :”Sok we sina ngadep ka Kaula , hayang nyaho rek naon cenah
!?”

Nya manehna
abus we; tapi eta pamuda menta ka Adipati supaya dibere kasempetan opat panon
we cenah. Senapati Indrajaya jeung Ki Patih Anggodo mani nyentak, ngadenge eta
pamaksudan pamuda teh :”Ah nurustunjung ka patutna siah ! Untung dibere asup ge
!”

Tapi duka
kumaha Adipati percaya pisan ka eta pamuda nu kalakuanana Kacida anehna , terus
we ngidinan, mun tea mah eta pamuda hayang nyilakakeun adipati, moal kitu
carana; jadi Adipati teu ham ham ka na maksud hade eta pamuda; nya tuluy we
Patih jeung Senapati sina kalaluar.

Teu disangka
eta pamuda bari sura seuri ngaluarkan hiji bungkusan tina gembolan nu dibawa ku
manehna; barang bray dibuka teh; cap resmi Karegenan jeung kapangkatan Hans Van
Rebech.

Mani molotot
Kangjeng Adipati; pok nyarita bari ngageter:”Maneh rek nyilakakeun Kaula ?
Nanaonan mawa cap Regent !?”

“Ssstttt !
cek si pamuda teh, yeuh Kangjeng Adipati; si eta van Rebech teh ayeuna can
nyahoeun ieu barang leungit; tilu poe deui bakal datang Inspektur Jendral ti
Batavia; tah sabage ambtenar pangkat luhur si Rebech tangtu bakal dipariksa
sagalana , kaasup eta CAP; mun euweuh wah eta Ki Regent bakal dicopot ti na
pangkatna. Engke Kangjeng Adipati ngahaja ka Kantor Regent api2 sowan; pasti
manehna keur dipentog ku eta Inspektur Jendral. Tah Kangjeng Adipati tinggal
nyebutkeun waktu ki Regent sowan ka Kadipaten; eta cap katinggaleun.”

Adipati
bungah, nya hal eta dilaksanakeun saperti nu diomongkeun ku eta Ki Sangga 
Prakosa.
Bener we akhirna ki Regent nganuhunkeun pisan, lantaran teu tulus dicopot
pangkatna; jeung paringetan, supaya ulah neken teuing ka Adipati.

Kungsi oge
nanyakeun kumaha bisana eta sagala cap bisa aya na leungeun Ki Adipati; Adipati
ngarang carita yen saenyana mah manehna dibelaan Ku Nyi Roro Kidul. Nya teu
papanjangan nanya si Rebech; geus we tutup nepi ka dinya. Parentah nyieun jalan
ditunda jeung dicabut; malah terus ditanganan ku Regent sorangan. Teu
ngagunakeun tanaga Rahayat; tapi nya mayar kuli bangunan tea we.

Ku sabab
kitu Adipati Ranuwijaya mah sanget nya nganuhunkeunana ka eta Sangga Prakosa
teh. Tapi dasar ceuleupeung leos indit we manehna teu aya ngulampreng deui. Tah
nya ti semet eta Adipati marentah kudu neangan eta Pendekar Sakti; kudu dihormat
pisan cenah, ulah disapirakeun. Senapati rada teu ngarti; tapi ti harita kaciri
Tuan Regent bageur pisan, teu pisan hayang nyusahkeun Kadipaten Jepara. Eta
sababna Senapati ngagegejeg bari hormat supaya Sangga Prakosa daek datang deui
ka Kadipaten.HANCA


Kirim email ke