Fikmin #Balébat#

Ngalangeu dina dék kapal. Nanggeuy gado nyawang sagara. Nyindekel kana
galangan kapal. Angin laut nyéor nyingraykeun buuk ririaban. Nyambuang
aroma cai laut nu teu weléh ngabéngbat. Balébat ukur ngolébat. Birat luncat
kasuntrungkeun matapoé. Lir bola seuneu nyurungkuy dina beuteung laut.
Merejel ngahuru budah laut. Langit ngempur burahay neumbag beungeut sagara.
Tingburicak marakbak lambak oyag-oyagan. "Paingan turis daék datang ti
jauhna!" Ukur hayang nyaksian meletékna srangéngé. Da geuning sakitu matak
kelarna. Sabubuhan camar tingkalayang ngabagéakeun mangsa isuk. Aya nu
ngangkleung ti kajauhan. Rada anggang tina jajalaneun kapal. Beuki lila
beuki atra. Boa enya! Éta kitu nu keur ditéangan? Jiga enya! Jiga peti
leutik nu dipalidkeun ku Aki duapuluh taun ka tukang. Hanjakal jauh di
sagara nu hamo kadongkang (Ki Hasan).

Kirim email ke