Beu luhur pisan basana Kang Hasan teh, tarang rada muter nyawang eta kecap, 
hebat Kang....
  

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 7 Juni 2012 12:15
Judul: [kisunda] Fiksimini - Balébat
  

 
   
 
Fikmin #Balébat#

Ngalangeu dina dék kapal. Nanggeuy gado nyawang sagara. Nyindekel kana galangan 
kapal. Angin laut nyéor nyingraykeun buuk ririaban. Nyambuang aroma cai laut nu 
teu weléh ngabéngbat. Balébat ukur ngolébat. Birat luncat kasuntrungkeun 
matapoé. Lir bola seuneu nyurungkuy dina beuteung laut. Merejel ngahuru budah 
laut. Langit ngempur burahay neumbag beungeut sagara. Tingburicak marakbak 
lambak oyag-oyagan. "Paingan turis daék datang ti jauhna!" Ukur hayang nyaksian 
meletékna srangéngé. Da geuning sakitu matak kelarna. Sabubuhan camar 
tingkalayang ngabagéakeun mangsa isuk. Aya nu ngangkleung ti kajauhan. Rada 
anggang tina jajalaneun kapal. Beuki lila beuki atra. Boa enya! Éta kitu nu 
keur ditéangan? Jiga enya! Jiga peti leutik nu dipalidkeun ku Aki duapuluh taun 
ka tukang. Hanjakal jauh di sagara nu hamo kadongkang (Ki Hasan).
   
      

Kirim email ke