Na hiji
mangsa ieu Nyi Mas Padmini kaluar ti kamarna ngadon latihan silat anu sakebekna
tea; lantaran manehna keur pararusing; nepi ka waktu harita ieu Raden Ajeng
Padmini teu apal yen jelema nu keur dipikiran ku manehna geus aya di jero
Kadipaten, manehna mah nyangka eta pamuda teh keur udar ider bari teu puguh
tujuan. Tah waktu Padmini keur hut het sorangan; teu kanyahoan aya nu
nyarita:”Salah tah ! kuduna nakis heula, kakara luncat !”
Tangtu we
Padmini kaget jeung reuwas pisan ! Na hatena eta nu kokolot begog bakal diajar
siah ku aing; tapi barang ngalieuk manehna beuki ngagebeg; da nu nyarita teh
nyeta pamuda pikasebeleun nu ku manehna kapikiran terus; tapi ari geus nempo
deui eta pamuda nu ngaranna Sangga Prakosa, enya ge rada beureum beungeut,
Padmini langsung wae nyarekan:”Eh saha nu nitah maneh ngabenerkeun hah !? Ieu
teh jurus nu dihaja disalahkeun saeutik, ngarah leuwih ampuh ! Dasar bodo !”
“Hahahaha !
ki Sangga Prakosa kalah terus nyeungseurikeun, bari pok ngomong :”Lamun kitu
carana, lain tambah alus malah ku tilu jurus ge Nyai ajeng bakal keok !”
Bari keuheul
bari era Nyi Padmini teu loba catur terus we nyerang ka Sangga Prakosa; nu
dilawan biasa bari seuseurian tea pikasebeleun. Sanggeus sababaraha jurus ujug2
bret we baju Sangga Prakosa kasabet; bari gugulingan manehna aduh2an. Padmini
rada reuwas oge bari heran ieu pamuda naon sababna aya di karaton ? Barang rek
nyampeurkeun, teu kanyahoan Sangga Prakosa luncat bari nyintreuk ka na badan
Padmini; atuh harita keneh bedogna lesot, Padminina leuleus; da urat lumpuhna na
digetok ku Sanggaa Prakosa.
Masing enya
ge taya tanaga, tapi ari nyoara mah bisa, terus we nyarekan:”Hey kurang ajar
pisan sampeyan ! geura buka ieu getokan sampeyan. Teu sopan pisan , jeung maneh
licik ! curang !”
Kalah ka
leos we Ki Sangga Prakosa bari nyarita :”ke sakeudeung deui ge pulih deui; blus
we ka gedongna terus we ngadon sare ngaguher.
Na hiji
waktu aya prajurit ngaliwat, patroli ka palebah RA Padmini latihaa, manehna
kaget nenjo kaayaan enden putri siga nu keuheul, tapi ngajengjen bae; nya
laporan ka Kapala Prajurit.
Kapala
prajurit apal yen eta teh hasil ti na getokan jelema lineuwih, gancang we
bebeja ka Senapati Indrajaya, da manehna teu ngarti soal getokan saperti kitu
mah.
Ki Indrajaya
kaget pisan barang nempo Enden Padmini saperti kitu; manehna ngarti soal
getokan sakti, gancang wae ngurutan Nyi Ajeng; tapi boro2 bisa nulungan; malah
Nyi Ajeng cocorowokan nyeri cenah.
Nya ditanya
we ku saha cenah Nyi Ajeng dilumpuhkeun teh ? Eta ku si nurustunjung ka
patutna; lalaki atah adol; sok geura pang maleskeun; podaran sakali !
Rada reuwas
oge eta Ki Indrajaya ngadenge kasauran Nyi Padmini; uluh si Sangga Prakosa ?
cucungah siah ! Teu antaparah deui Ki Indrajaya langsung ngadodog Ki Sangga
Prakosa; kasampak teh keur kerek mani matak gandeng.
Gancang wae
Indrajaaya nyampeurkeun,maksudna rek ngahudangkeun Sangga Prakosa; tapi kakara
ge ngaragamang ceprot leungeunna kacentok; leungeunna teh terus nyabok pipina
mani tarik ! Kaget jeung keuheul Ki Indrajaya pipina kacabok ku leungeunna
sorangan; ari Ki Sangga Prakosa na mah terus nuluykeun kerekna.
Lakadalah;
enyaan ieu mah Pendekar Sakti; cek Indrajaya na hatena; barang rek nyarita Ki
Sangga Prakosa bari heuay ngomong, bari semu haroream tea :”Eh senapatiiah ; tuh
ayeuna mah geus cageur Nyi Padmini teh….. huaaahhhh .”
Atuh teu
jadi Ki Senapati ngahudangkeun Ki Sangga Prakosa, terus we kaluar deui. Enya we
Nyi Padmini keur kukuliatan ngabatekan badanna nu ngarasa carangkeul. Barang
nyampeurkeun, gantawang teh Nyi Padmini :” Eh Indrajaya mana si eta jelema
nurustunjung teh ? geus modar acan !?”
Senapati
bingung, jeung rada bareureum beungeut; lantaran boro2 maehan ki Sangga
Prakosa, malah teu puguh2 manehna nyabok pipina sorangan.
Ku sabab
euweuh pijawabeun, Senapati Indrajaya ngajawab sakeunana :”Ah nyeta keur sare,
piraku keur sare ditandasa.” Ngomongna kitu teh eta ki Senapati bari ngaleos,
lantaran sieun ditanya deui. Atuh mani renghap ranjug Nyi Ajeng Padmini ku
keuheul2na. Geus kitu mah leos wae Nyi Ajeng ngincid ka kamarna ningkreb maneh.