bah tambah atuh ari edisi ahir pekan mah...:) ngarep.com!!!
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 8 Juni 2012 7:41 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 209 Na hiji mangsa ieu Nyi Mas Padmini kaluar ti kamarna ngadon latihan silat anu sakebekna tea; lantaran manehna keur pararusing; nepi ka waktu harita ieu Raden Ajeng Padmini teu apal yen jelema nu keur dipikiran ku manehna geus aya di jero Kadipaten, manehna mah nyangka eta pamuda teh keur udar ider bari teu puguh tujuan. Tah waktu Padmini keur hut het sorangan; teu kanyahoan aya nu nyarita:”Salah tah ! kuduna nakis heula, kakara luncat !” Tangtu we Padmini kaget jeung reuwas pisan ! Na hatena eta nu kokolot begog bakal diajar siah ku aing; tapi barang ngalieuk manehna beuki ngagebeg; da nu nyarita teh nyeta pamuda pikasebeleun nu ku manehna kapikiran terus; tapi ari geus nempo deui eta pamuda nu ngaranna Sangga Prakosa, enya ge rada beureum beungeut, Padmini langsung wae nyarekan:”Eh saha nu nitah maneh ngabenerkeun hah !? Ieu teh jurus nu dihaja disalahkeun saeutik, ngarah leuwih ampuh ! Dasar bodo !” “Hahahaha ! ki Sangga Prakosa kalah terus nyeungseurikeun, bari pok ngomong :”Lamun kitu carana, lain tambah alus malah ku tilu jurus ge Nyai ajeng bakal keok !” Bari keuheul bari era Nyi Padmini teu loba catur terus we nyerang ka Sangga Prakosa; nu dilawan biasa bari seuseurian tea pikasebeleun. Sanggeus sababaraha jurus ujug2 bret we baju Sangga Prakosa kasabet; bari gugulingan manehna aduh2an. Padmini rada reuwas oge bari heran ieu pamuda naon sababna aya di karaton ? Barang rek nyampeurkeun, teu kanyahoan Sangga Prakosa luncat bari nyintreuk ka na badan Padmini; atuh harita keneh bedogna lesot, Padminina leuleus; da urat lumpuhna na digetok ku Sanggaa Prakosa. Masing enya ge taya tanaga, tapi ari nyoara mah bisa, terus we nyarekan:”Hey kurang ajar pisan sampeyan ! geura buka ieu getokan sampeyan. Teu sopan pisan , jeung maneh licik ! curang !” Kalah ka leos we Ki Sangga Prakosa bari nyarita :”ke sakeudeung deui ge pulih deui; blus we ka gedongna terus we ngadon sare ngaguher. Na hiji waktu aya prajurit ngaliwat, patroli ka palebah RA Padmini latihaa, manehna kaget nenjo kaayaan enden putri siga nu keuheul, tapi ngajengjen bae; nya laporan ka Kapala Prajurit. Kapala prajurit apal yen eta teh hasil ti na getokan jelema lineuwih, gancang we bebeja ka Senapati Indrajaya, da manehna teu ngarti soal getokan saperti kitu mah. Ki Indrajaya kaget pisan barang nempo Enden Padmini saperti kitu; manehna ngarti soal getokan sakti, gancang wae ngurutan Nyi Ajeng; tapi boro2 bisa nulungan; malah Nyi Ajeng cocorowokan nyeri cenah. Nya ditanya we ku saha cenah Nyi Ajeng dilumpuhkeun teh ? Eta ku si nurustunjung ka patutna; lalaki atah adol; sok geura pang maleskeun; podaran sakali ! Rada reuwas oge eta Ki Indrajaya ngadenge kasauran Nyi Padmini; uluh si Sangga Prakosa ? cucungah siah ! Teu antaparah deui Ki Indrajaya langsung ngadodog Ki Sangga Prakosa; kasampak teh keur kerek mani matak gandeng. Gancang wae Indrajaaya nyampeurkeun,maksudna rek ngahudangkeun Sangga Prakosa; tapi kakara ge ngaragamang ceprot leungeunna kacentok; leungeunna teh terus nyabok pipina mani tarik ! Kaget jeung keuheul Ki Indrajaya pipina kacabok ku leungeunna sorangan; ari Ki Sangga Prakosa na mah terus nuluykeun kerekna. Lakadalah; enyaan ieu mah Pendekar Sakti; cek Indrajaya na hatena; barang rek nyarita Ki Sangga Prakosa bari heuay ngomong, bari semu haroream tea :”Eh senapatiiah ; tuh ayeuna mah geus cageur Nyi Padmini teh….. huaaahhhh .” Atuh teu jadi Ki Senapati ngahudangkeun Ki Sangga Prakosa, terus we kaluar deui. Enya we Nyi Padmini keur kukuliatan ngabatekan badanna nu ngarasa carangkeul. Barang nyampeurkeun, gantawang teh Nyi Padmini :” Eh Indrajaya mana si eta jelema nurustunjung teh ? geus modar acan !?” Senapati bingung, jeung rada bareureum beungeut; lantaran boro2 maehan ki Sangga Prakosa, malah teu puguh2 manehna nyabok pipina sorangan. Ku sabab euweuh pijawabeun, Senapati Indrajaya ngajawab sakeunana :”Ah nyeta keur sare, piraku keur sare ditandasa.” Ngomongna kitu teh eta ki Senapati bari ngaleos, lantaran sieun ditanya deui. Atuh mani renghap ranjug Nyi Ajeng Padmini ku keuheul2na. Geus kitu mah leos wae Nyi Ajeng ngincid ka kamarna ningkreb maneh.
