Antara Sumur Bandung Jeung Nyi Kentring Manik 
 
DI kompleks Gedong PLN Cabang Jawa Barat, 
Jl.Cikapundung Barat, Bandung, aya cai nyusu anu dikubeng di jero 
rohangan. Éta téh situs Sumur Bandung  anu teu meunang leungit sabab nya ti 
dinya mimitina ngadegna Bandung kiwari teh.
Saban waktu sok dipaké ritual ku pihak luar, utamana ku masarakat 
tradisional anu kacida hormatna ka karuhun. Tapi teu dileuleungit, ka 
éta tempat ogé sok aya anu datang alatan percaya yén di éta sumur 
ngageugeuh Nyi Kentring Manik.
Saha Nyi Kentring Manik, ceuk sakaol mah kieu penjelasanana.
Nyi Kentring Manik téh hirup dina abad 17 jaman Karajaan Arcamanik, 
sawaktu eta karajaan dirajaan Ku Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Nyi 
Kentring Manik téh istrina Ki Giring Panangkaran, papatih Pajajaran, ogé ramana 
Prabu Suryadiraksa Panangkaran. Wewengkon Bandung jaman harita 
(sabenerna Bandung can aya), kaéréh ka Karajaan Arcamanik. Nyi Kentring 
Mani katut aleutan para putri karaton, remen mandi suci di Sumur 
Bandung.
Ari cai nyusu anu kiwari disebut Sumur Bandung, sabenerna geus aya ti 
baheula-mula. Dina jaman Pajajaran gé geus biasa dipaké upacara mandi 
suci ku para raja Pajajaran. Ti mimiti Sri Baduga Maharaja, raja 
Pajajaran kahiji, tepikeun ka Prabu Séda raja Pajajaran pamungkas, geus 
kungsi mandi suci di Sumur Bandung, utamana lamun keur loba masalah.
Nyi Kentring Manik gé geus biasa ngahaja mandi ka Sumur Bandung. Ngan harita 
mah can disebut Sumur Bandung. Mun mah aya ngaranna, disebutna 
Muara Buleud, duméh kabireungeuh rada buleud. Ogé disebut pucukna liang 
Kasunda. Ka dieunakeun katelah pucukna liang  Bandung, sabab mun euweuh 
cai nyusu nu ieu, Bandung moal aya. Kitu sababna baheula Nyi Kentring 
Manik kungsi nyarita yén sakumna jalma kudu ngarumat Sumur Bandung, bisi cai 
sumur saat Bandung gé sirna.
Baheula, Karajaan Arcamanik boga karaton deui, disebut Karaton 
Kasunda. Lebah-lebahna, kiwari, kira-kira nyaéta anu ayeuna dilindih ku 
adegan Gedong Saté. Anu boga tanggung-jawab nyekel éta karaton ngaranna 
Séndrawaya Sungsang, turunan Walang Sungsang. Ari Walang Sungsang téh 
putrana Sri Baduga Maharaja. Séndrawaya Sungsang di Karaton Kasunda téh 
dibaturan ku Radiyaksa Surawisésa, turunan ti Surawisésa Jayaperkosa.
“Éta téh panangtungan Kasunda, 
caina medal tara raat. Bungbungna kasucian nu diwangsulkeun ku Hyang 
Agung. Kudu dijagi, kudu dipiara. Mun henteu, Sunda moal aya!” kitu ceuk 
Radiyaksa Surawisésa jeung Nyi Kantring Manik méré pangwadi. *** Dimuat dina 
Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.10
 
http://ahmadsahidin.blog.com

----- Pesan yang Diteruskan -----
Dari: Aan Merdeka Permana <[email protected]>
Kepada: SALAKANAGARA <[email protected]> 
Dikirim: Jumat, 8 Juni 2012 11:05
Judul: [SALAKANAGARA] Dokumen Baru: Riwayat
 

 

Lihat Dokumen    
 
Lihat Kiriman Ini di Facebook · Sunting Pengaturan Email · Balas email ini 
untuk menambahkan komentar.

Kirim email ke