*Carita ceuk beja
Agus keur kukurlingan unggal tempat pangjarahan didatangan. Ceunah ceuk beja 
Agus hayang geura beunghar, teuing meunang papatah ti saha, mun hayang 
beunghar kudu jiarah ka tempat-tempat karamat. Hiji mangsa di Pos Ronda keur 
hareureuy ngobrol jeung batur salembur, kabenaran aya Agus, terus kula nanya ka 
Agus "Gus, kwari kumaneh beda euy", ditembal ku Agus "Beda naonna, rarasaan 
biasa bae", terus kula nanya deui "Kwari kumaneh jarang aya di imah, ceuk beja 
kumaneh sok sering jiarah", ditembalan ku Agus "Heueuh kituna mah, kula jarang 
aya di imah, kwari  keur barangsiar neangan kaborokahan pikeun hirup", terus 
kula nyambung jawaban Agus "Ari kitu ayeuna keur usaha naon, bisnis?", ceuk 
Agus "Akh teu sing, kula mah keur udar-ider ka tempat pangjiarahan", ceuk kula 
"Pangjiarahan? Nyiar naon ka tempat pangjiarahan?" terus ditembal ku Agus "Akh, 
mangkana kumaneh kudu deukeut jeung ajeungan, apan ceuk ajeungan mun urang 
hayang hirup berokah, jembar
 panghirupan kudu rajin jiarah tempat-tempat makam wali, apan beda ngado'a di 
tempat anu aya karomahan mah sok gancang diqobul", kitu ceuk Agus. Ari ceuk 
kula "Gus, ari kumaneh apan masih keneh boga indung anu masih keneh hirup, 
kunaon eta indung kumaneh jarang dijiarahan", ditembal ku Agus "Apan masih 
keneh hirup, rek naon dijiarahan, mantamah indung kula geus paeh, meureun perlu 
kula ngajiarahan". Ceuk kula "Akh kumanehmah salah kaprah, justru Indung anu 
masih keneh hirup kudu sering dijiarahan, sabab ucapan Indung matih, komo mun 
kumaneh menta do'na ka Indung eta sakecap metu matih, diqobul langsung ku Allah 
jeung kumaneh bisa nyaksian do'a indung. Coba mun indung kumaneh geus asup 
liang kubur, naha indung kumaneh bisa dipenta, boroning dipenta malah anu araya 
dijero liang kubur butuh bantuan ti jelema anu masih keneh harirup. Coba 
kumaneh teungetkeun salah sahibi Hadits Nabi anu hartina kurang leuwih : Mun 
saurang anak Adam ninggalkeun dunya,
 mangka putus sakabeh amalna, kacuali tilu perkara nyaeta sadekah jariyah, elmu 
anu manfaat, jeung anak-anak sholeh anu ngado'akeun kadua kolotna. Tah eta 
jelema anu dijero kubur ninggalkeun tilu sabab" ceuk kula ngajentrekeun. 
Ditembal ku Agus "Naon hubunganna hadits eta jeung kula sok datang ka tempat 
karomah?". Ceuk kula "Heueuh, apan anu jadi karomah mah lain kuburan 
wali/ulama, tapi anu ditinggalkeun ku wali/ulama nyaeta elmu  anu manfaat. 
Kwari maneh bisa maca qur'an, bisa nyaho hukum shalat, puasa, zakat jeung haji 
apan anu mere nyaho eta ulama. Jadi anu disebut karomah teh nyaeta elmu anu 
ditinggalkeun ku ulama, kwari urang anu masih keneh hirup tuturkeun jeung 
lakonan naon anu geus disampekeun ku ulama, lain cingogo hareupuen kuburan eta 
ulama, najan ceurik balilihan menta tulung ka eta ulama anu geus aya dijero 
kubur, naha kumaneh yakin bisa didenge ku anu aya di jero kubur. Ceuk kula mun 
hayang ceurik balilihan mending menta syafaat ka
 indung anu masih keneh hirup, da puguh masih keneh hirup, kumaneh bisa 
ngumaha. Jeleme anu dikubur butuh ka jelema anu masih keneh hirup, lain tibalik 
jelema geus dijero kubur dimenta tulung. Muna kumaneh hayang barokah hirup atuh 
digawe anu suhun-suhun sing getol, disiplin, jeung Lillahita'ala, pasti 
kabarokahan hirup bakal nuturkeun. Lain ieu neangan kabarokahan hirup, tapi 
gawe hanteu atuh rek dimana datangna kabarokahan hirup, ti Hong Kong?". Eta 
Agus ngadenge omongan ti kula sugan teh didengekeun, malah kerek nyegrok 
"Gus...Gus...sare kumaneh" bari ngageuingkeun manehna, terus manehna hudang 
bari ngomong "Kumaha dia bae lah!!!"

Kirim email ke