Kacaturkeun Arya Seta Prayitna putra Adipati nu kadua, jadi adina Padmini ngadep ka ramana nya eta Adipati Ranuwijaya, terus laporan yen cenah raka embok geus kitu2 jeung Sangga Prakosa; kumaha mun dijodokeun we; da kapan para Putra Pangagung mah rata2 teu pati hayang ngadahup ka Raka Embok Padimini teh, da tukang silat jeung galak; kumaha cenah mun dijodokeun we ka Ki Sangga Prakosa; pan geus diangkat dulur; jadi nya darajatna Ki Sangga Prakosa geus satata ayeuna mah; atuh Raka embok ge meunang nu sakupu . Kitu usul Seta Prayitna waktu harita. Adipati Ranu wijaya mani nyakakak ngadenge eta usul ti Seta Prayitna, da cocog pisan jeung hatena. Tapi kumaha cenah ngadeukeutkeunana, da kapan eta embok sampeyan teh kacida keuheuleunana ka Ki Sangga Prakosa. Ari Cek Ki Prayitna, tong was2 romo; eta mah kuma Putra we; cek Prayitna yakin. Ki Adipati nyakakak deui, terus we soal jodo Padmini dipasrahkeun ka Prayitna; ari Adipati ngalalanyah bojona, supaya satuju oge. Barang mimiti mah, Kacida kagetna bojo Adipati, bari jeung teu satuju; lantaran kahayang prameswari mah jodona Padmini teh kudu ka Adipati deui; atawa saeutikna anak Adipati; mangkaning cenah ieu teh anak awewe ngan hiji2na; da aya lima putra Adipati ti prameswari teh; opat lalaki. Ari Prayitna nu bakal ngaganti ramana jadi Adipati. Ari ti selir mah aya oge anak awewe; tapi prameswari teu ngurus soal anak selir mah; tah ayeuna prameswari teh rada keukeuh teu mikeun ari kudu dijodokeun ka Si Sangga Prakosa mah. Komo kalakuanana oge kampungan pisan, cenah. Rada hese oge Adipati ngawujuk ieu garwana; tapi lila2 mah sanggeus sababaraha poe, akhirna Prameswari nyarita yen kumaha Kang Mas we cenah; anak anak akang; pek wae ; ngan lamun aya nanaon engkena ulah nyalahkeun kuring cenah. Nya atuh Ki Adipati bungah pisan. Saminggu ti harita Prayitna geus datang laporan bari sura seuri; tanda laporan hade. Prayitna nyarita yen teu kudu hese2 cenah; da ayeuna ge keur paduduaan; lantaran cenah raka embok teh kapan seneng pisan ka na elmu kanuragan; nya akhirna dilatih ku Ki Sangga Prakosa; jadi teu hese deui cenah ngajodokeunana. Kumaha cenah sabenerna Nyi Ajeng Padmini daek diajar ku Sangga Prakosa ?HANCA
