Na hiji mangsa Nyi Padmini biasa keur latihan; ujug2 ngong aya sora:”lengkahkeun heula suku kenca kakara nyabet ku bedog .” duka kumaha Nyi Padmini ujug2 nurut we; enya we asa leuwih mantep; saterusna manehna siga nu didikte; geus rada lila manehna ngalieuk nempo nu mapatahan… barang nempo haok we Padmini ngahaok :”Saha nu hayang dipapatahan ku maneh hah !? jeung saha nu nitah maneh; ngajago di dieu ? teu sopan pisan, nurustunjung ka patutna !” “Hahahaha ! Enya pan kuring teh Ki Nurustunjung tea. Ngan eta we palebah jurus2 asa lebar mun teu pas teh; jadi kuring mah saukur ngalempengkeun; mun teu katarima mah jeun teuing ! “ bari ngomong kitu teh ngan sakilat luncat mani luhur pisan; les we teu kaciri deui. Nyi Padmini mikir, enya oge ka saha deui guguru elmu nu hebat ? ayeuna aya hereupeun ? deukeut ? Naha teu dimangpaatkeun. Wah ? Padmini rada ngarasa hanjakal oge. Komo bieu nempo pisan Ki Sangga Prakosa luncatna Kacida hebatna; wah aing kudu guguru eta elmu hampang raga; sigana alus pisan tah? Tapi lamun inget ka na kalakuan si eta pamuda nu Kacida “teu sopanna”; Padmini murengked deui.Ah cadu aing mah guguru ka jelema nurustunjung kitu; cek hate Padmini deui. Nya terus Padmini latihan deui, tapi sajeroning latihan, hatena cus cos terus; jadi kurang konsentrasi; nya ahirna eureun. Isukna eta pamuda geus datang deui, diantep we ku Padmini, teu ditaro teu ditakon; terus we latihan. Cikikik we si pamuda seuri leutik, bari ceuleupeung tea; ayeuna mah Padmini teu ambek deui, ngan pok ngomong :”Sok atuh benerkeun ku sampeyan.”Ngomongna ayeuna mah rada leuleuy Padmini teh; lantaran na hatena keun we urang mangpaatkeun ieu manusa teh. “hahahaha; pamenta eta teh sakuduna mah make ngabubur sura heula atuh.” Saenyana mah na hatena Padmini Kacida ambekna; tapi ditahan we; keun we lah soalna susah ngalawanan jelema “eusleum” mah; cek hatena; Padmini cicing we teu ngawaro. Terus nuluykeun gerak silatna. “Alus ! jempol ! Tah enya kudu kitu !” Cek Ki Sangga Prakosa ti gigireun, nempo gerak2 Padmini ngamaenkeun bedogna, kaciri eta Pamuda panuju pisan; hartina gerakan Padmini bener jeung alus. Padmini bungah oge lantaran manehna geus nepi oge ka na jurus2 golok nu ampir sampurna. Manehna bungah, lantaran ayeuna nu mujina jelema nu luhung elmu kanuraganana; teu cara sasari atawa biasana nu maruji ka manehna paling ge para perwira Tamtama Kadipaten nu saukur basa basi; atawa enya ge memang alus eta elmu gobang teh; tapi maranehna teu ngarti jero2na mah. Geus kitu Padmini nyieun gerakan salto nu ngan sakilat pisan, bari ngabulang balingkeun bedogna; Sangga Prakosa emprak, terus jungkir jumpalit jeung susuitan ku panuju2 na. Tapi ditungtungan ku komentar : hanjakal cenah teu disartaan ku elmu hampang raga nu hebat. HANCA
