Sugan teh bakal aya revisi adegan Cersil ti No 180.
Nuhun Ki Abbas,
::zya


________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]> 
Sent: Saturday, 9 June 2012 8:21 PM
Subject: [kisunda] Fw: Cersil Sunda 180
 

  
spesial kang Budysetiadi

--- On Mon, 14/5/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote:


>From: Abbas Amin <[email protected]>
>Subject: Cersil Sunda 180
>To: "urangsunda" <[email protected]>
>Received: Monday, 14 May, 2012, 9:45 AM
>
>
>“Hahahaha !
Jalma oge milu nyakakak; tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2 bumelana ka
manehna; manehna ngarasa kagagas campur reueus “terharu’ ( naon atuh Sundana
nya ?) oge ku kasatiaan KI Bejo; masing enya sieun ge diwani keun we sigana.
Hese neangan jelema saperti kitu mah. Ah aing teu salah mawa Ki Bejo; cek Jalma
na hatena.
>
>
>Saenyana
mah, nu matak Ki Bejo bela pisan ka Jalma, lain pedah Jalma leuwih jago; lain
lain kitu. Jalma teh ngajak Ki Bejo kaciri ihlasna, Jeung diperjalanan teu
ngaraja dewek, estu ngahargaan pisan ka Ki Bejo teh saperti dulur enyaan. Ki
Bejo dihargaan ku Jalma; nu matak Ki Bejo kabeuli hatena. 
>
>
>
>Manehna hayang bebela
ka Jalma , cek paribasana ngorbankeun jiwa jeung raga teh lain omongan wungkul.
>
>
> Isukna, sanggeus sasarap /mumuluk terus
shalat dhuha babarengan; terus ngadu_a khusyu pisan; sanggeus ngarasa teteg,
bral we dua pamuda teh indit ka Losari, nu dituduhkeun ku nu boga imah. 
>
>
>
>Nu boga
imah mah ngan ukur nyenghel we; ari Jalma jeung Ki Bejo dianggap rada jauh;
manehna komentar sorangan, ngagerendeng:”bocah ora tau wedi; dhisik nyesel cah.
Wong bagus iku angel mara no. Hahaha dasar wong Kilen. Dhisik rontok untune,
wis lumayan.”  
>
>
>Jalan ka eta
Kampung nu ngaranna Losari teh, nyata ngan ukur jalan satapak bari leutik2
acan; mun euweuh perluna mah, matak haroream nyaba ka dinya teh. Jaba
disajajalan barala pinuh ku rungkun nu carucukan; atuh kakaian oge jarangkung
deuih, wah ieu mah teuteusingna lembur; ieu mah leuweung we atuh.
>
>
>Sanggeus
pungkal pengkol, bulak belok nya jol we Jalma jeung Ki Bejo ka na hiji tempat
nu Kacida asrina, beda pisan jeung jajalanan nu geus kaliwatan. Jalanan rada
gede , pas we opat jelema ngarendeng mah. Di sisi2na pinuh ku tangkal kembang;
aya Ros, Cempaka, Dahlia jeung rupa2 deui nu Jalma teu nyaho ngaranna. Wah enya
geuning endah oge ieu lembur teh ? cek Jalma di na hatena, ngan ieu sigana moal
mungkin  diurus ku sorangan mah, kuduna  loba jelema nu ngabarantuan; tapi cek 
nu boga imah, urang Bantul tea, da
Nyi Lasmini ngan hirup sorangan ? Naha nya bisa memeres ieu jalan sakieu
asrina ?
>HANCA
>   
 

Kirim email ke