punten kalangkung --- On Mon, 14/5/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Cersil Sunda 180 To: "urangsunda" <[email protected]> Received: Monday, 14 May, 2012, 9:45 AM “Hahahaha ! Jalma oge milu nyakakak; tetela ayeuna mah Ki Bejo teh enya2 bumelana ka manehna; manehna ngarasa kagagas campur reueus “terharu’ ( naon atuh Sundana nya ?) oge ku kasatiaan KI Bejo; masing enya sieun ge diwani keun we sigana. Hese neangan jelema saperti kitu mah. Ah aing teu salah mawa Ki Bejo; cek Jalma na hatena. Saenyana mah, nu matak Ki Bejo bela pisan ka Jalma, lain pedah Jalma leuwih jago; lain lain kitu. Jalma teh ngajak Ki Bejo kaciri ihlasna, Jeung diperjalanan teu ngaraja dewek, estu ngahargaan pisan ka Ki Bejo teh saperti dulur enyaan. Ki Bejo dihargaan ku Jalma; nu matak Ki Bejo kabeuli hatena. Manehna hayang bebela ka Jalma , cek paribasana ngorbankeun jiwa jeung raga teh lain omongan wungkul. Isukna, sanggeus sasarap /mumuluk terus shalat dhuha babarengan; terus ngadu_a khusyu pisan; sanggeus ngarasa teteg, bral we dua pamuda teh indit ka Losari, nu dituduhkeun ku nu boga imah. Nu boga imah mah ngan ukur nyenghel we; ari Jalma jeung Ki Bejo dianggap rada jauh; manehna komentar sorangan, ngagerendeng:”bocah ora tau wedi; dhisik nyesel cah. Wong bagus iku angel mara no. Hahaha dasar wong Kilen. Dhisik rontok untune, wis lumayan.” Jalan ka eta Kampung nu ngaranna Losari teh, nyata ngan ukur jalan satapak bari leutik2 acan; mun euweuh perluna mah, matak haroream nyaba ka dinya teh. Jaba disajajalan barala pinuh ku rungkun nu carucukan; atuh kakaian oge jarangkung deuih, wah ieu mah teuteusingna lembur; ieu mah leuweung we atuh. Sanggeus pungkal pengkol, bulak belok nya jol we Jalma jeung Ki Bejo ka na hiji tempat nu Kacida asrina, beda pisan jeung jajalanan nu geus kaliwatan. Jalanan rada gede , pas we opat jelema ngarendeng mah. Di sisi2na pinuh ku tangkal kembang; aya Ros, Cempaka, Dahlia jeung rupa2 deui nu Jalma teu nyaho ngaranna. Wah enya geuning endah oge ieu lembur teh ? cek Jalma di na hatena, ngan ieu sigana moal mungkin diurus ku sorangan mah, kuduna loba jelema nu ngabarantuan; tapi cek nu boga imah, urang Bantul tea, da Nyi Lasmini ngan hirup sorangan ? Naha nya bisa memeres ieu jalan sakieu asrina ?HANCA
