Tah Kang Endang geus mimiti mikmin. Hehehe. Jigana hade format tulisan mini teh, keur ngabiasakeun nulis dina basa Sunda. Bari sakalian ngarekam naon nu kaalaman jeung karasa.
Pikeun leuwih mikawanoh kana fiksimini, aya forum diskusi Fiksimini Basa Sunda (FBS) di Facebook. Di ieu forum pagaliwota antara nu anyar resep nulis jeung pangarang nu geus jadug, jiga Tatang Sumarsono, Godi Suwarna, oege nu lianna. Keur nu anyar bisa jadi media keur diajar, keur nu geus jadi pangarang bisa jadi media publikasi karangan. Toong di dieu: https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ 2012/6/13 Endang Rochimat <[email protected]> > ** > > > Leungeun muntang pageuh kana tali anu memang geus disadiakeun keur > pamuntangan. > > Pinuh pisan panumpang teh,ngahaja kuring naek “Baswey” ambeh rada > ngirit, naek tihareupeun Gambir nu ka Harmoni,transit tidinya disambung ka > Blok M.murah meriah mun dibanding naek taksi bisa sapuluh kali lipetna. > > Basa keur jongjon nalingakeun patalimarga anu kaliwatan,suku aya nu > nincak,lumayan nyeuri,bari sateungah di keujeutkeun kuring ngalieuk bari > rada ambeuk kanu nincak teh. > > “Aduh maaf ya Pak!!” ceuk manehna bari melong. > > Nutadina rek ambeuk teh ngadak ngadak kuring someah darehdeh mun bisa mah > hanyang katincak deui ,bae rada lila oge, kumaha teu rek kitu nu nincak teh > mojang lenjang pisan,soca cureuleuk,angkeut endog sapotong,nganggo jilbab > ,lancingan ngepas nyitak pisan, kameja nu dianggo inyana teh ,pas pisan. > > “Oh ngga pa pa de ” Ceuk kuring bari satekah polah mere imut nu pang > manisna. > > “Bapa mo turun dimana? Pokna bari awakna tambah rapet ka kuring,seungit > kaangseu ,hate beuki tagiwur,aya nu motah,panumpang beuki pinuh anu > ngalantaran jarak awak kuring jeung manehna beuki rapet bae. > > “Oh Saya turun di Mesjid Agung ,Adek??” ceukeung teh bari melong anteub ka > manehna,panyakit rumaja mimiti nguniang hudang > > “Saya mau ke Blok M” Pokna bari.geup puhu leungeun kuirng di ceukeul > pageuh pisan waktu supir rada ngerem ngadadak.Gustiiii ieu hate beuki ratug > bae,beu aya kulindeuk ieu mojang kota teh.hate tambah tagiwur,asa > sapokpokkeun rek nanyakeun no hp,tapi ras ingeut hp teh jadul pisan asa teu > wasa rek ngaluarkeun hp dipayuneun si cantik teh..keur uleung mikir kumaha > carana bisa “berkenalan lebih jauh” jeung manehna, aya panumpang > hareupeun nu diuk dina korsi ceungkat rek turun di halteu Karet. > > ”Duduk De..!! ”Ceuk kuring ka si mojang,niat teh mintonkeun ”ka Heroan” jeung > ”ka Gentlemanan” Kuring ka manehna. > > ”Bapa Saja Pa yang duduk..Saya kuat kok,Kasian, Bapa yang SUDAH TUA saja > yang duduk” Ceuk Maneh na teuteup bari imut. > > Ngan karasana ku kuring imut ieu lain imut nu manis,tapi imut anu > pait,nembus jajantung bari ngageuteurkeun hate. > SUDAH TUA??? Kuring beuki keueung mikiran timbangan diri nu masih dengdek > ngenca. >
