Keun mang, eta teh cingcirining awet kolot :D Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 13 Jun 2012 08:58:36 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Fikmin(Busway) Beu....dak, ieu pangalaman uing. Panghade uing ngora keneh mun ngaca, pipi masih keneh kenceng can kariput, tapi disebut "Sudah Tua", meureun nempo huis anu geus marucunghul dina sirah, ha..ha..ha..ha..ha..ha... ________________________________ Dari: Endang Rochimat <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: [email protected] Dikirim: Rabu, 13 Juni 2012 7:19 Judul: [kisunda] Fikmin(Busway) Leungeun muntang pageuh kana tali anu memang geus disadiakeun keur pamuntangan. Pinuh pisan panumpang teh,ngahaja kuring naek “Baswey” ambeh rada ngirit, naek tihareupeun Gambir nu ka Harmoni,transit tidinya disambung ka Blok M.murah meriah mun dibanding naek taksi bisa sapuluh kali lipetna. Basa keur jongjon nalingakeun patalimarga anu kaliwatan,suku aya nu nincak,lumayan nyeuri,bari sateungah di keujeutkeun kuring ngalieuk bari rada ambeuk kanu nincak teh. “Aduh maaf ya Pak!!” ceuk manehna bari melong. Nutadina rek ambeuk teh ngadak ngadak kuring someah darehdeh mun bisa mah hanyang katincak deui ,bae rada lila oge, kumaha teu rek kitu nu nincak teh mojang lenjang pisan,soca cureuleuk,angkeut endog sapotong,nganggo jilbab ,lancingan ngepas nyitak pisan, kameja nu dianggo inyana teh ,pas pisan. “Oh ngga pa pa de ” Ceuk kuring bari satekah polah mere imut nu pang manisna. “Bapa mo turun dimana? Pokna bari awakna tambah rapet ka kuring,seungit kaangseu ,hate beuki tagiwur,aya nu motah,panumpang beuki pinuh anu ngalantaran jarak awak kuring jeung manehna beuki rapet bae. “Oh Saya turun di Mesjid Agung ,Adek??” ceukeung teh bari melong anteub ka manehna,panyakit rumaja mimiti nguniang hudang “Saya mau ke Blok M” Pokna bari.geup puhu leungeun kuirng di ceukeul pageuh pisan waktu supir rada ngerem ngadadak.Gustiiii ieu hate beuki ratug bae,beu aya kulindeuk ieu mojang kota teh.hate tambah tagiwur,asa sapokpokkeun rek nanyakeun no hp,tapi ras ingeut hp teh jadul pisan asa teu wasa rek ngaluarkeun hp dipayuneun si cantik teh..keur uleung mikir kumaha carana bisa “berkenalan lebih jauh” jeung manehna, aya panumpang hareupeun nu diuk dina korsi ceungkat rek turun di halteu Karet. ”Duduk De..!! ”Ceuk kuring ka si mojang,niat teh mintonkeun ”ka Heroan” jeung ”ka Gentlemanan” Kuring ka manehna. ”Bapa Saja Pa yang duduk..Saya kuat kok,Kasian, Bapa yang SUDAH TUA saja yang duduk” Ceuk Maneh na teuteup bari imut. Ngan karasana ku kuring imut ieu lain imut nu manis,tapi imut anu pait,nembus jajantung bari ngageuteurkeun hate. SUDAH TUA??? Kuring beuki keueung mikiran timbangan diri nu masih dengdek ngenca.
