Urang kulon dina ngamahamkeun agama beda jeung Islam, dina encyclopedia 
Britannica 2005 ngadefinisikeun kieu :
"human being's relation to that wich they regards as holy, sacred, spritual, or 
divine. Religion is commonly regarded as consisting of a person's relation to 
God or to gods or spirits. Worship is probably the most basic element religion, 
but moral conduct, right belief, and participation in religiousinstitutions are 
generally also constituent elements of the religious life as practiced by 
believers and worshipers and as commanded by religious sages and scriptures".
 
anu hartina kurang leuwih :
"agama nyaeta hubungan manusa jeung hiji hal anu maranehna anggap sebage 
kasucian, sakral, spritual atawa katuhanan. Agama biasa dianggap sabage 
kumpulan (himpunan) hubungan hiji jalma jeung Pangeran (Tuhan), dewa-dewa atawa 
ruh. Paribadatan mungkin ngajadi elemen anu pang utamana dina hiji agama, 
namung nilai moral, kayakinan jeung partisipasi dina lembaga kaagamaan oge 
kaasup elemen agama anu dipilampah ku para panganut sakumaha anu diparentahkeun 
hukum jeung teks agama".
 
Maca eta tulisan, kuring rada mureleng tarang. Ceuk kuring, Islam, sakumaha anu 
geus Allah jelaskeun dina al Qur'an "إِنَّ الدِّينَ عِنْدَ اللَّهِ 
الْإِسْلَامُ " = "Saestuna agama (anu diridhoi) disagigireun Allah nyaeta 
Islam" (QS. Ali Imran 19). Kecap "ad diin", dina basa Arab anu maknana al'Aadat 
anu hartina ada kabiasaan (tradisi). Jadi gampang dipahami yen adat kabiasaan 
hente sakadar patula patali jeung aktivitas ritual, namung oge nyakup kana 
aktivititas kahirupan manusa sakabehna.
 
Sugan jeung sugan, ieu dialungkeun ka miliser, saha anu rek bisa ngajelaskeun, 
yen Islam lain sakadar agama ritual.
Salam

Kirim email ke