Tukang ojeg sebut be ngarana Japri. Manehna mangkal di Gang Kacapi, Jagakarsa, Jakarta Selatan. Gawe ngojeg geus jadi pagawean matuh, lain beutah ngalakonan ieu, kusabab kwari hese neangan pagawean kantoran, komo boga ijazah STM anu nilaina genep kabeh plus aya nilai 5 dua mata palajaran nyaeta Matematika jeung Basa Inggris. Meureun Japri lulusna diluluskeun ku guru, karunyaeun geus tilu taun ngendog di STM, amun normalmah manehna meureun geus D3. Ngandelkeun ijazah STM jurusan otomotif, tapi heran mun aya jelema ngomean motor ka manehna lain ecreg, malah tambah rajet. Geus lila kukurilingan neangan pagawean euweuh anu nampung, ceuk pikirna batar nganggur jadi tukang ojeg teu nanaon anu penting ngadatangkeun duit. Hampir lima taun profesi tukang ojeg dileukeunan, sampe ka kiwari geus rarabi boga anak tilu. Hiji peuting keur ngalong, di tengah jalan manehna dicegat hiji budak awewe ngora anu hade rupa, pokona mah bahenol we. Ceuk eta awewe "Bang Ojeg, ke Depok mau?. Atuh Japri meunang panumpang anu bahenol jeung hade rupa meukin karetoh bae jiga ucing meunang lauk pais. "Oh mau neng, Depok nya dimana?" ceuk si Japri ka eta awewe. Ditembal ku awewe "Depoknya di KomplekMaharaja, tapi bukan dikompleknya. Berapa Bang ongkosnya?". Si japri tanpa mikir deui gejret ngahargakeun "Lima Belas Ribu aja, ini khusus buat eneng" ceuk si Japri. Geus kitu terekel we eta awewe naek, si Japri nyelah motor terus indit ngabonceng awewe muru eta tempat. Sampe katempat anu jugjug si Japri nanya ka awewe "Neng sebelah mana" ceuk awewe "Bang belok ke kanan ke arah Garogol - Desa Limo", terus japri mengkol ka katuhu anu dituduhkeun ku awewe. Sapanjang jalan nuju Garogol - Desa Limo mun peuting kacida poekna, euweuh lampu anu nyaangan jalan, da diaerah ieu masih keneh tanah kosong. Ditengah jalan deuket kebon cau anu poek awewe nitahan eureun "Bang Stop, disini aja". Si Japri kaget "Bujug buneng, neng ini mah tengah kebon, emang rumah eneng dimana?. Ditembal ku budak awewe bari nunjuk ka hiji imah handapeun tangkal buah haromanis "Tuh yang catnya kuning" bari manehna turun tina motor. Terus manehna rugap ragap kana kantong calana jeansna, siga aya anu keur diteangan pokna "Aduh bang, dompet saya hilang" ngomongna bari melas. Si Japri rada mentegeg oge, ngadenge dompet eta awewe leungit "Aduh gimana neng, mana jauh lagi, segitu saya kasih murah, ambdil dulu aja ke rumah biar saya nunggu disini" ceuk si Japri. Awewe katempona rada bingung "Aduh bang, saya takut sama Bapa saya, Bapa saya akan marah kalau saya ketahuan pulang malam", bari lengeunna muka kancing baju anu harita katempo "TT"-na anu gede sagede buah melon ngaborehel terus jumulak jamilek manja bari nyerendean ka awak si Japri . Atuh diserendean ku awewe jeung eta "TT" awewe ngaborehel si Japri dag dig dug teu teu pararuguh. Terus eta awewe ngadeukeutan ceuli si Japri pokna teh "Bang bisa gak kalau saya bayar pake TT, abang sepuasnya ngisep TT saya, mau?" Atuh lir ibarat karagragan buah kadu, ngadenge tawaran eta awewe atuh irung si Japri kembung kempes bari nyerengeh seuri. "Ok, kalau gitu gak apa-apa, kebetulan di tempat ini sepi" ceuk si Japri. Terus eta awewe muka BH-na ngaluarkeun TT-na terus nyodorkeun ka si Japri jiga indung rek nyusuan budak. Atuh gurawel we eta sungut si Japri langsung nyeuseup eta TT jiga budak lapar. Teu lila selang babaraha menit si Japri ngulahek (pingsan), nempo si Japri pingsan eta awewe buru menerkeun BH-na terus gura-giru nyokot konci motor terus motor dihirupan, geus kitu tancep gas ninggalkeun si Japri anu keur pingsan. Kaisukna geger tukang ojeg motorna leungit dibawa kabur ku awewe, sampe ka kiwari boh eta awewe boh motor si Japri teu kapanggih deui, lapur ka laut gara-gara nginum cai susu basi. (IS)
