Ha..ha..Abah bisaan eung
Pinter eta budak, proses asup surga apan kudu "paeh" heula. Meureun pikiran eta 
budak "ah aing masih keneh hayang hirup", mangkana eta budak embung nantung, da 
sieun paeh tea.
Heuheuy dedeh
Aya-aya wae....
 
 

________________________________
 Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 14 Juni 2012 12:01
Judul: [kisunda] [4S] Asup ka Sawarga
  

 
   
 
"Barudak, saha nu hayang asup ka Sawarga?", Ceuk Bu Guru
"Abdi Bu Guru", ceuk barudak mani reang.
"Nu hayang asup ka Sawarga, narangtung!", Ceuk Bu Guru.
Jurungkunung barudak narangtung, iwal ti Si Lamsijan.
"Lamsijan, anjeun hayang ka asup ka sawarga atawa henteu?", Bu Guru nanya rada
nyentak.
"Ih kantenan wae, Ibu, hoyong lebet", Jawab Si Lamsijan.
"Naha atuh henteu nangtung?"
"Bade angkat enggalan ayeuna ieu teh, Bu Guru?", ceuk si Lamsjian bari tetep
ngajengjen diuk.

WLY

   
      

Kirim email ke