Hiji santri ngadatangan Kyai na "Kyai di lembur sabeulah aya jalma alim bisa
hiber" santri ngamimitian ngomong. "Teu aneh, papatong oge bisa hiber" tembal
Kyai. "Kyai di nagara sabrang aya jalma alim bisa lempang di luhur cai" Santri
neruskeun omonganana. "Ah eta mah biasa, bancet (kodok) oge bisa ngojay di cai"
tembal Kyai bari imut. Ngadenge jawaban ti Kyai kitu santri rada kuciwa. Ceuk
manehna Kyai geus nganggap teuing enteng masalah. Manehna nyangka yen
jalma-jalma alim (sakti) anu bisa hiber di awang-awang atawa bisa leumpang di
luhur cai nyaeta jalma-jalma anu dibere hidayah ti Allah. Perlu diconto atawa
ditimba elmuna kusabab maranehna nyaeta pilihan Allah anu geus aya di jalan
Allah. Tapi Kyai jigana boga pamadegan sejen."Aya deui jalma anu dina waktu
sarua, manehna bisa aya di loba tempat" santri neruskeun deui
omongana. Ditembal ku Kyai "Mhhh...mun kitu, anu paling pinter nyaeta Setan.
Sabab setan dina waktu sarua bisa aya di loba hate
jalma". Terus santri neruskeun tatanyana anu pinuh kaheranan "Jadi Kyai,
kumaha jalan nuju Allah eta?" Kalayan tenang Kyai eta ngajawab "Jalan nuju
Allah loba pisan, saloba napas manusa. Tapi, jalan anu pang deukeutna pikeun
nuju jalan Allah nyaeta migawe pagawean alus ka sasama jalma" **)
**) ceramah Ustd. Ir. Jonih Rahmat, 12 Juni 2012