Lenyepaneun... nuhun Kang.. :)


>________________________________
> From: Sp Saprudin <[email protected]>
>To: "[email protected]" <[email protected]> 
>Sent: Friday, 15 June 2012 11:04 AM
>Subject: [kisunda] Saha jalma alim teh
> 
>
>  
>Hiji santri ngadatangan Kyai na "Kyai di lembur sabeulah aya jalma alim bisa 
>hiber" santri ngamimitian ngomong. "Teu aneh, papatong oge bisa hiber" tembal 
>Kyai. "Kyai di nagara sabrang aya jalma alim bisa lempang di luhur cai" Santri 
>neruskeun omonganana. "Ah eta mah biasa, bancet (kodok) oge bisa ngojay di 
>cai" tembal Kyai bari imut. Ngadenge jawaban ti Kyai kitu santri rada kuciwa. 
>Ceuk manehna Kyai geus nganggap teuing enteng masalah. Manehna nyangka yen 
>jalma-jalma alim (sakti) anu bisa hiber di awang-awang atawa bisa leumpang di 
>luhur cai nyaeta jalma-jalma anu dibere hidayah ti Allah. Perlu diconto atawa 
>ditimba elmuna kusabab maranehna nyaeta pilihan Allah anu geus aya di jalan 
>Allah. Tapi Kyai jigana boga pamadegan sejen."Aya deui jalma anu dina waktu 
>sarua, manehna bisa aya di loba tempat" santri neruskeun deui 
>omongana. Ditembal ku Kyai "Mhhh...mun kitu, anu paling pinter nyaeta Setan. 
>Sabab setan dina waktu sarua bisa aya di loba hate
 jalma". Terus  santri neruskeun tatanyana anu pinuh kaheranan "Jadi Kyai, 
kumaha jalan nuju Allah eta?" Kalayan tenang Kyai eta ngajawab "Jalan nuju 
Allah loba pisan, saloba napas manusa. Tapi, jalan anu pang deukeutna pikeun 
nuju jalan Allah nyaeta migawe pagawean alus ka sasama jalma" **)
> 
>**) ceramah Ustd. Ir. Jonih Rahmat, 12 Juni 2012
> 
> 
> 
>
>

Kirim email ke