Si Lamsijan jeung adina, si Ujang geus kawentar budak bangor di lemburna.
Tatanggana lamun kaleungitan, ti mimiti leungit hayam tepika leungit bubuahan
di kebon, sok nuduh si Lamsijan jeung si Ujang nu malingna. Indung si Lamsijan
geus kacida erana, nya si Lamsijan jeung adina dibawa ka Mama Ajengan supaya
dipapatahan.
Nu mimiti dititah asup arek dipatahan ku Mama Ajengan teh si Lamsijan. Ceuk
Mama Ajengan teh: "Lamsijan indung maneh geus kolot, teu karunya maneh teh
nempo indung?"
Si Lamsijan ukur ngajentul, teu mere reaksi.
Nempo si Lamsijan teu mere reaksi, Mama Ajengan ngarobah taktik, anjeunna nanya
deui ka si Lamsijan: "Lamsijan, maneh nyaho dimana ari Pangeran teh?"
Si Lamsijan beuki "cuek bebek".
Mama Ajengan mimiti kesel, ngan masih sabar, anjeunna nanya deui: "Lamsijan,
nyaho henteu Pangeran dimana!?"
Si Lamsijan lain ngajawab kalahka rungah-ringeuh, siga nu bingung. Mama Ajengan
jadi emosi, naros deui bari nyentak: "Lamsijan maneh nyaho henteu Pangeran
dimana!!!!?"
Si Lamsijan ngarenjag, ngajawab: "Abdi teu terang!!!!", bari serebet lumpat
kaluar, pasanggrok jeung si Ujang, adina nu nungguan giliran digeroan ku Mama
Ajengan.
"Kunaon Aa? Eta beungeut mani pias kitu, Mama Ajengan naros naon?" Ceuk si
Ujang nanya hariwangeun.
Ceuk Si Lamsijan: "Gawat Jang, Pangeran leungit!!!!, Mama Ajengan nyangkana
dipaling ku urang!"
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/