Haduh, Bah, ingeut kana tasbeh disambelan euy mun nyarios budak bangor. Akh 
nambihan sakedik Bah pangalaman kuring.
Ingeut kana  papatah ajeungan di lembur K.H. Ali Mustofa (almarhum) "Ari maneh 
kunaon beungal-beungal teuing. Da euwuh turunan maneh jadi budak beungal. Maneh 
hayang jadi budak bageur?" ceuk ajeungan ngamimitian mapatahan kuring. Ceuk 
kuring "Hoyong mama, kantenan wae". Terus ceuk ajeungan "Syukur ari maneh 
hayang jadi budak bageur mah, sing loba istigfar, eling ka pangeran" Ditembal 
ku kuring "Leres mama, sanaos Pangeran Dipanegoro tos teu aya dikieuna oge, 
urang kedang emut ka anjeunna". Eta Ajeungan rada molohok ngadenge omongan 
kuring bari pokna "Ehmmm.....Jang, maksud mama teh lain Pangeran di Panegoro, 
tapi Pangeran anu Mangku Alam sakuliweungna". Ceuk kuring "Punten Mama, 
Pangeran Mangku Alam, naha henteu berateun anjeunna mamangku alam ieu?" Eta 
Ajeungan muji panjang muji pondok 
"Astagfirullahaladziiiiiiiiiiiiiiiiiiiim...ieu budak, jang ari Pangeran teh 
nyaeta Allah lain pangeran Mangku Alam" Ceuk kuring "Oooooh Allah". Terus 
ajeungan
 ngomong deui "Terang maneh ka Allah?". Ceuk kuring "Henteu mama", terus 
ajeungan "Mun maneh henteu nyaho ka Allah, yeuh kaca enteng tempo dina kacana" 
bari ngasongkeun kaca eunteung, terus kuring ngaca "Dina kaca aya rupi abdi 
mama?" ceuk kuring. Terus ajeungan ngomong deui "Tah, mun maneh hayang nyaho ka 
Allah, ayeuna pek pikiran ku maneh saha ari maneh sorangan. Jig pikiran eta 
heula we bari nempo rupa maneh dina kaca" tuluy ajeungan asup ka kamarna. Ari 
kuring unggal poe mamawa kaca enteung, da ceuk ajeungan mun hayang nyaho ka 
Allah, ngaca diri sorangan teh saha, atuh kuring baheula katelah kubarudak 
"BUDAK ENTEUNG" da dina pesak teu lesot mamawa eunteung mun kamana wae. Aya 
istilah barudak ka kuring "Eta si "I**p mamawa eunteung hayang pangging jeung 
Allah ceunah" (Rangkasbitung, 10 Juni 1982).     

Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 19 Juni 2012 13:15
Judul: [kisunda] [4S] Pangeran Leungit


  
Si Lamsijan jeung adina, si Ujang geus kawentar budak bangor di lemburna. 
Tatanggana lamun kaleungitan, ti mimiti leungit hayam tepika leungit bubuahan 
di kebon, sok nuduh si Lamsijan jeung si Ujang nu malingna. Indung si Lamsijan 
geus kacida erana, nya si Lamsijan jeung adina dibawa ka Mama Ajengan supaya 
dipapatahan.

Nu mimiti dititah asup arek dipatahan ku Mama Ajengan teh si Lamsijan. Ceuk 
Mama Ajengan teh: "Lamsijan indung maneh geus kolot, teu karunya maneh teh 
nempo indung?"
Si Lamsijan ukur ngajentul, teu mere reaksi.

Nempo si Lamsijan teu mere reaksi, Mama Ajengan ngarobah taktik, anjeunna nanya 
deui ka si Lamsijan: "Lamsijan, maneh nyaho dimana ari Pangeran teh?"

Si Lamsijan beuki "cuek bebek".

Mama Ajengan mimiti kesel, ngan masih sabar, anjeunna nanya deui: "Lamsijan, 
nyaho henteu Pangeran dimana!?"

Si Lamsijan lain ngajawab kalahka rungah-ringeuh, siga nu bingung. Mama Ajengan 
jadi emosi, naros deui bari nyentak: "Lamsijan maneh nyaho henteu Pangeran 
dimana!!!!?"

Si Lamsijan ngarenjag, ngajawab: "Abdi teu terang!!!!", bari serebet lumpat 
kaluar, pasanggrok jeung si Ujang, adina nu nungguan giliran digeroan ku Mama 
Ajengan.

"Kunaon Aa? Eta beungeut mani pias kitu, Mama Ajengan naros naon?" Ceuk si 
Ujang nanya hariwangeun.

Ceuk Si Lamsijan: "Gawat Jang, Pangeran leungit!!!!, Mama Ajengan nyangkana 
dipaling ku urang!"

WLY 


Kirim email ke