burut téh basa gayana mah Hérnia ( aya kitu néng Hérniawati??) turunna peujit kana kanjut.... tadina mah siki kanjut teh ayana dina beuteung sekitar tarang baga.
di wanoja mah henteu turun, tapi tetap dina tempatna (indung telur,ovarium) - biasana sok rame panyakitna kista. lalaki mah, sikina turun kana kanjut (fungsi kanjut keur ngatur suhu, ngarah produksi sel mani aya dina suhu optimal - jadi lamun suhu turun, kanjut ngariut - lamun panas kanjut laer...) lamun siki henteu turun, bisa jadi kanker, jaba jadi steril da henteu nyieun sel mani (lantaran suhuna teu optimal, panas teuing, dina beuteung mah..) - lamun henteu turun disebut cryptorrhismus. sanggeus siki turun kana janjut..liang urut turunna nutup deui jadi "penggantung usus" - "gambaranna" siga bilik..... lah.... di sababaraha jalma aya anu anggang "bilik"na (hihi nyepit kanjut tea..dongeng hutbah anu ceurik, nginghak disangka sieun ka naraka). tah dinu anggang ieu peujitna turun kana kanjut. lantaran ayana gerak peristaltik, jeung "dipermukaan" pisan, jadi gerak teh bisa kareungeu ekstrim na mah perut keroncongan tea, gerakna peujit anu dina beuteung mah..... kok - kok an tea biasana tahap awal mah bisa disurungkeun deui ka tempat asalna (beuteung), lela-lila mah hese...malah nbeuki loba tuurunna, hese dibalikeun. "ngubarana" mah teu aya deui iwal ti dikoprasi tea. di reposisi... "bilikna anu anggang " dipageuhan deui sangkan peujitna henteu turun deui ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 20 Juni 2012 10:25 Judul: Re: [kisunda] BURUT Aya kang Syam, dokter, di ieu lapak teh nya. Cing punten Kang Syam, ari eta sora "kok-kok-kan" burut, bijilna timana nya. Da tangtuna moal kaluar tina kanjut nu ngaburayotna. Boa kaluar tina palawangan. Palawangan mana nya, palawangan hareup, tukang, atawa luhur. 2012/6/20 Sp Saprudin <[email protected]> > >Dulur, teurang teu naon "burut" teh? Burut istilah jalma anu gaduh kanjut >(punten sanes jorok) ngaburayut badag pisan. Panginten jalma anu burut >ngagaduhan panyawat, duka panyawat naon, da dilembur kuring sok disebat burut. >Baheula keur leutik basa keur di lembur aya hiji jalma sebat we namina Mang >Arsayun (nami samaran), anjeuna gaduh kanjut burut. Mun manehna keur cingogo >eta kanjutna sok tisada "kok...kok...kok...." jiga hayam jago, atawa mun >ngadenge sora recet (gaduh) pasti tisada. Burutna kanjut Mang Arsayun geus >tenar salelembur, malah jadi bahan guyonan bararudak. Mun barudak pasigeung >silih tuding, teu lepas kecap "Daek burut aing teu nyokot!!". Hiji mangsa >kuring keur arulin jeung barudak salembur maen gatrik di buruan imah, harita >Mang Arsayun ngaliwat. Ceuk kuring ka barudak "Dak tuh Mang Arsayun rek >kamana, hayu urang heureuyan". Barudak langsung ngarespon ngahayukeun "Hayu >urang heureuyan, ameh burutna tisada". Terus barudak nuturkeun Mang Arsayun ti tukang, bari ngadanding lalaguan nembangkeun lagu "Ucang-ucang angge mulung muncang ka parangge digog-god ku kanjut gede, lumpatna ka kolong bale di bale Mang Arsayun keur ngalehe". Mang Arsayun malik katukang ambek "Non sia budak ngaganggu aing, karancolah bae!!" bari eta kanjutna tisada "kok..kok..kok...". Ngadenge sada kok kok dina jero kolor Mang Arsayun, atuh barudak ngabarakatak seuri "ha..ha..hayam jagona tisada euy". Mang Arsayun nyokot batu leutik anu aya disisi jalan, terus dibaledogkeun ka barudak anu nuturkeun manehna, nempo kitu barudak brat brit lalumpatan. Kuring oge ilu lumpat, ngeun naas lumpat ka sisi jarian (tempat miceun runtah) nincak tahi jelema, atuh liye we suku nincak tahi "Haram jador, nincak bolu atah!!!". (IS) > >
