Dulur, teurang teu naon "burut" teh? Burut istilah jalma anu gaduh kanjut 
(punten sanes jorok) ngaburayut badag pisan. Panginten jalma anu burut 
ngagaduhan panyawat, duka panyawat naon, da dilembur kuring sok disebat burut. 
Baheula keur leutik basa keur di lembur aya hiji jalma sebat we namina Mang 
Arsayun (nami samaran), anjeuna gaduh kanjut burut. Mun manehna keur cingogo 
eta kanjutna sok tisada "kok...kok...kok...." jiga hayam jago, atawa mun 
ngadenge sora recet (gaduh) pasti tisada. Burutna kanjut Mang Arsayun geus 
tenar salelembur, malah jadi bahan guyonan bararudak. Mun barudak pasigeung 
silih tuding, teu lepas kecap "Daek burut aing teu nyokot!!". Hiji mangsa 
kuring keur arulin jeung barudak salembur maen gatrik di buruan imah, harita 
Mang Arsayun ngaliwat. Ceuk kuring ka barudak "Dak tuh Mang Arsayun rek kamana, 
hayu urang heureuyan". Barudak langsung ngarespon ngahayukeun "Hayu urang 
heureuyan, ameh burutna tisada". Terus barudak nuturkeun Mang
 Arsayun ti tukang, bari ngadanding lalaguan nembangkeun lagu "Ucang-ucang 
angge mulung muncang ka parangge digog-god ku kanjut gede, lumpatna ka kolong 
bale di bale Mang Arsayun keur ngalehe". Mang Arsayun malik katukang ambek "Non 
sia budak ngaganggu aing, karancolah bae!!" bari eta kanjutna tisada 
"kok..kok..kok...". Ngadenge sada kok kok dina jero kolor Mang Arsayun, atuh 
barudak ngabarakatak seuri "ha..ha..hayam jagona tisada euy". Mang Arsayun 
nyokot batu leutik anu aya disisi jalan, terus dibaledogkeun ka barudak anu 
nuturkeun manehna, nempo kitu barudak brat brit lalumpatan. Kuring oge ilu 
lumpat, ngeun naas lumpat ka sisi jarian (tempat miceun runtah) nincak tahi 
jelema, atuh liye we suku nincak tahi "Haram jador, nincak bolu atah!!!". (IS)

Kirim email ke