"Awas dia ku aing dibabayan" Dibabayan teh naon mang SP? Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 25 Jun 2012 15:11:25 To: [email protected]<[email protected]>; wongbanten<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Ki Jinun Ki Jinun umurna geus sampe 65 taun, tapi masih keneh resep ulin kolecer siga budak ngora. Mun usum halodo, di lembur boh kolot boh budak nyarieun kolecer anu ditanjerkeun ngabengbreng di sampalan sawah sisi cai. Eta kolecer aya anu panjangna 10 meter, sorana tarik ngajerit jeung ngajelegur. "Toeng...toeng...toennnnnnnggggggg burrrrrrrr" saperti kitu sorana. Ieu kuring rek ngomongkeun Ki Jinun anu resep kana kolecer. Manehna boga kolecer panjangna kurang leuwih 6 meter. Mun teungah poe, manehna geus aya dihandapeun tihang kolecer nungguan sora kolecer bari make pecina dipalangkeun doang Kabayan. Mun kolecer sorana tarik terus ngajelegur manehna ngagakgak seuri sorangan"Tuuiiit...tuuiiit...tuiiiiiiiiiiiii blurrrrrrrr - Ha..ha...ha...ha" kutu jeung kitu poho dahar poho shalat. Padahal saumuran manehna kuduna betah aya di Mushola atawa Masjid lain aya disampalan sawah, geus dasarna kitu poho kana umur jeung paeh salain eta mun nenjo pisikna, mun lempang pedog da sukuna gede sabeulah. (Punten) Dina hiji poe, si Ubed budak saluhureun ti kuring anu kateulah budak boloho (purunyus) bin bangor. Si Ubed pasosore rek ka cai (walungan) make sarung satengah bari mawa anduk anu dibelitkeun kana beuheung jeung ember leutik wadah sabun jeung sikat. Jalan ka cai nyaeta mapay galengan anu harita dipake naranceubkeun kolocer, harita Ki Jinun keur anteung nenjokeunn kolecerna bari seuseurian sorangan. Keur anteng tanggah nenjokeun kolecerna bari seuseurian, teu lila si Ubed anu katelah budak boloho (purunyus) ngaliwat bari lempangna pepedogan nirukeun lempangna Ki Jinun terus ngomong "Jinun...Jinun....Jinun....Lomraaahhhhhh.....Jinun...Jinun...Jinun... Lomrahhhhhhhh burahel" (Bi Lomrah pamajikan Ki Jinun). Ngadenge omongan anu nadana ngalelewe, eta Ki Jinun nyabut golok (bedog) dina cangkengna terus "Heh dia budak bau cikur, culangung amat dia ka aing". Nenjo Ki Jinun nyabut golok (bedog), eta si Ubed ngabecir lumpat bari ngomong "Sok bae udag ari ka udag mah". Eta Ki Jinun tambah ambeuk, ceuk manehna "Awas dia ku aing dibabayan". Aya-aya bae ari budak bangor teh nya. ================== Pedog = pengkor Pepedogan = pepengkoran
