Ki Jinun umurna geus sampe 65 taun, tapi masih keneh resep ulin kolecer siga 
budak ngora. Mun usum halodo, di lembur boh kolot boh budak nyarieun kolecer 
anu ditanjerkeun ngabengbreng di sampalan sawah sisi cai. Eta kolecer aya anu 
panjangna 10 meter, sorana tarik ngajerit jeung ngajelegur. 
"Toeng...toeng...toennnnnnnggggggg  burrrrrrrr" saperti kitu sorana.
 
Ieu kuring rek ngomongkeun Ki Jinun anu resep kana kolecer. Manehna boga 
kolecer panjangna kurang leuwih 6 meter. Mun teungah poe, manehna geus aya 
dihandapeun tihang kolecer nungguan sora kolecer bari make pecina dipalangkeun 
doang Kabayan. Mun kolecer sorana tarik terus ngajelegur manehna ngagakgak 
seuri sorangan"Tuuiiit...tuuiiit...tuiiiiiiiiiiiii blurrrrrrrr - 
Ha..ha...ha...ha" kutu jeung kitu poho dahar poho shalat. Padahal saumuran 
manehna kuduna betah aya di Mushola atawa Masjid lain aya disampalan 
sawah, geus dasarna kitu poho kana umur jeung paeh salain eta mun nenjo 
pisikna, mun lempang pedog da sukuna gede sabeulah. (Punten)
 
Dina hiji poe, si Ubed budak saluhureun ti kuring anu kateulah budak boloho 
(purunyus) bin bangor. Si Ubed pasosore  rek ka cai (walungan) make sarung 
satengah bari mawa anduk anu dibelitkeun kana beuheung jeung ember leutik wadah 
sabun jeung sikat. Jalan ka cai nyaeta mapay galengan anu 
harita  dipake naranceubkeun kolocer, harita Ki Jinun keur anteung nenjokeunn 
kolecerna bari seuseurian sorangan. Keur anteng tanggah nenjokeun kolecerna 
bari seuseurian, teu lila si Ubed anu katelah budak boloho (purunyus) ngaliwat 
bari lempangna pepedogan nirukeun lempangna Ki Jinun terus ngomong 
"Jinun...Jinun....Jinun....Lomraaahhhhhh.....Jinun...Jinun...Jinun... 
Lomrahhhhhhhh burahel"  (Bi Lomrah pamajikan Ki Jinun). Ngadenge omongan anu 
nadana ngalelewe, eta Ki Jinun nyabut golok (bedog) dina cangkengna terus "Heh 
dia budak bau cikur, culangung amat dia ka aing". Nenjo Ki Jinun nyabut golok 
(bedog), eta si Ubed ngabecir lumpat bari ngomong "Sok bae
 udag ari ka udag mah". Eta Ki Jinun tambah ambeuk, ceuk manehna "Awas dia ku 
aing dibabayan". Aya-aya bae ari budak bangor teh nya.
 
 
==================
Pedog  = pengkor
Pepedogan  = pepengkoran

Kirim email ke