Alhamdulillah, ahirna dongkap oge nu diantos-antos teh. Sing paranjang Bah cersilna, ngarah teu gantung danguen.
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Thursday, June 28, 2012 8:29 AM To: kisunda; urangsunda Subject: [kisunda] Cersil Sunda 214 Bingah manah sang Adipati, sabalikna kangjeng ibu kaget, teu sangka Padmini bakal nyarita kitu, anjeunna bati mentegeg. Kangjeng Adipati enggal sasauran :”Nduk … bisi nduk can apal eta Ki Sangga Prakosa teh geus diangkat Tumenggung Jepara ku Romo; ngan manehna nolak; terus we ku romo diangkat dulur; tah manehna narima. Enya manehna teh jelema jujur nu teu kabita ku pangkat lan rajakaya. Pandangan nduk Kacida alusna. Tapi ayeuna mah pek we pikiran deui ku enduk, ke mun aya kaputusan , gancang kadieu deui.” Sanggeus nyembah ka ibu sareng ramana; laju Padmini ka gedongna deui, bari ngaleos ngajewang heula raina Seta Prayitna. Sanggeus diluar, laju Padmini molotan ka ieu Seta Prayitna:”Eh Rayi Arya nyarios naon wae ka Romo, nepi ka Romo aya niat ngajodokeun mbok ka Si Sangga Prakosa ?!” Seta Prayitna seuri koneng, terus we nyarita:”Raka embok, Raka embok teh jago silat nu mumpuni pisan, langka lalaki nu bisa nandingan ka na kahebatan raka embok; mun teu nikah jeung hiji lalaki nu jagona leuwih ti Raka embok; wah susah. Jadi kudu neangan lalaki nu jago pisan. Tapi pan hese neangan lalaki nu kitu ? tah ayeuna geus nyampak ? ka saha deui atuh ?” Nyi Padmini sajongjongan mah melengek we dicaritaan kitu ku raina teh. Da memang asup akal pisan. Tapi ahirna molototan deui bari rada ngagelendeng:”Ah memang anjeun mah bisa pisan ari nyarita teh Dimas Arya. Pasti Romo oge kawujuk ku Dimas nya ?” Seta Prayitna:”Nya ari kuring mah ningali kaayaan, raka embok dugi ka ayeuna teu acan wae rarabi,nya ……. “ Kakara sakitu dipotong ku Padmini:”Ah Dimas we meureun nu teu sabaran hayang gura giru rarabi ! Tong kahalangan ku si embok, jung we ti heula.” “Hahahaha ……. Ah Adi mah masih lami keneh raka embok; ayeuna mah maning keneh mikirkeun kanggo raka embok nyalira ……. “ Kakara sakitu, geus dipotong deui ku Padmini:”Geus … geus ah ! nyarita jeung sampeyan mah percuma; da sampeyan mah tara eleh.” Nyaritana kitu teh bari langsung ngajorelat ti hareupeun Seta Prayitna. Manehna ngan ukur nyenghel we nempo kalakuan rakana kitu teh.Maklum. Tilu poe ti harita ….. HANCA _____ No virus found in this message. Checked by AVG - www.avg.com Version: 2012.0.2179 / Virus Database: 2437/5097 - Release Date: 06/27/12
