lieuk lain..lieuk lain.. ahirna mah datang oge...nuhun Bah AA

 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 28 Juni 2012 8:28
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 214
  
 
   
 
Bingah manah
sang Adipati, sabalikna kangjeng ibu kaget, teu sangka Padmini bakal nyarita
kitu, anjeunna bati mentegeg. 
Kangjeng
Adipati enggal sasauran :”Nduk … bisi nduk can apal eta Ki Sangga Prakosa
teh geus diangkat Tumenggung Jepara ku Romo; ngan manehna nolak; terus we ku
romo diangkat dulur; tah manehna narima. Enya manehna teh jelema jujur nu teu
kabita ku pangkat lan rajakaya. Pandangan nduk Kacida alusna. Tapi ayeuna mah
pek we pikiran deui ku enduk, ke mun aya kaputusan , gancang kadieu deui.” 
  
Sanggeus
nyembah ka ibu sareng ramana; laju Padmini ka gedongna deui, bari ngaleos
ngajewang heula raina Seta Prayitna. 
Sanggeus
diluar, laju Padmini molotan ka ieu Seta Prayitna:”Eh Rayi Arya nyarios naon
wae ka Romo, nepi ka Romo aya niat ngajodokeun mbok ka Si Sangga Prakosa ?!” 
  
Seta
Prayitna seuri koneng, terus we nyarita:”Raka embok, Raka embok teh jago silat
nu mumpuni pisan, langka lalaki nu bisa nandingan ka na kahebatan raka embok;
mun teu nikah jeung hiji lalaki nu jagona leuwih ti Raka embok; wah susah. Jadi
kudu neangan lalaki nu jago pisan. Tapi pan hese neangan lalaki nu kitu ? tah
ayeuna geus nyampak ? ka saha deui atuh ?” 
Nyi Padmini
sajongjongan mah melengek we dicaritaan kitu ku raina teh. 
Da memang
asup akal pisan. Tapi ahirna molototan deui bari rada ngagelendeng:”Ah memang
anjeun mah bisa pisan ari nyarita teh Dimas Arya. 
Pasti Romo
oge kawujuk ku Dimas nya ?” 
Seta
Prayitna:”Nya ari kuring mah ningali kaayaan, raka embok dugi ka ayeuna teu
acan wae rarabi,nya ……. “ 
Kakara
sakitu dipotong ku Padmini:”Ah Dimas we meureun nu teu sabaran hayang gura
giru rarabi ! Tong kahalangan ku si embok, jung we ti heula.” 
   “Hahahaha ……. Ah Adi mah masih lami keneh
raka embok; ayeuna mah maning keneh mikirkeun kanggo raka embok nyalira ……. “ 
Kakara
sakitu, geus dipotong deui ku Padmini:”Geus … geus ah ! nyarita jeung sampeyan
mah percuma; da sampeyan mah tara eleh.” Nyaritana kitu teh bari langsung
ngajorelat ti hareupeun Seta Prayitna. Manehna ngan ukur nyenghel we nempo
kalakuan rakana kitu teh.Maklum. 
Tilu poe ti
harita …..

HANCA
     
         

Kirim email ke